Cikan kuring nyoba ngaberele he..he..he..
ngaberelekeun ngeunaan open source.

kacaritakeun di pasar desa sarkanjut aya dua warung anu daganganna sarua 
nyaeta semur jengkol.
warung anu ka hiji bogana nyi sopiah, ku manehna eta warung teh 
dingarana "Nyi Osof" ngarah manja kadengena cenah.
warung anu kadua anu bogana sababaraha urang, nyaeta si dudukuy beureum 
(ieu mah landian, ngaran aslina teuing), Jang Mandar, jeung Nyi Debi. 
eta warung teh ku maranehna dingaranan "Oncor".

sanajan papada dagang semur jengkol, dua warung eta beda pisan 
'service'na. ari warung "nyi osof" kaunggulanana dina penampilan. 
warungna beresih jeung nyeni, rasana oge ngeunah. najan kitu eta warung 
teh teu pati aman, sabab pelanggan anu meuli ka warung eta sok kawenehan 
meunang cucunguk dina semur jengkolna teh. teuing ti mana eta asupna 
cucunguk teh.

beda jeung warung "oncor", sanajan wangunan warung basajan, tapi 
kesehatan masakan dijamin. moal aya cucunguk atawa cakcak anu murag kana 
hidangan.

hal sejen anu ngabedakeun dua warung eta teh nyaeta resep masakan.
di warung "Nyi Osof", resep semur jengkol teh kacida dirusiahkeun pisan. 
satiap aya pelanggan anu nanyakeun samara semur jengkol buatan warung 
"Nyi Osof", ku nyi sopiah teu dibere.
beda jeung warung "Oncor", di warung ieu mah resep teh teu dirusiahkeun, 
sing saha wae anu hayang nyaho dibere resepna. samalah anu boga warung 
teh sok kalah mapatahan ka pelanggan anu geus nyaho resepna, nitah eta 
pelanggan nga alusan eta resep. malah lamun rek nyieun resep turunan oge 
pek wae cenah. sugan engke mah aya semur jengkol rasa vanilla atawa 
semur jengkol lada hitam, jsb.

atuh mokaha, kusabab loba jalma anu nyahoeun samara nyieun semur 
jengkol, anu barisaeun nyieun semur jengkol oge loba. anu akhirna teu 
saeutik anu mematenkan semur jengkol meunang ngaropea maranehna. aya 
semur jengkol rica-rica, semur jengkol cah jamur, semur jengkol timur 
tengah, jsb. he..he..he...

jadi cindekna, open source teh ngabebaskeun urang pikeun diajar sabab 
resep samara semur jengkolna hanteu dirusiahkeun. tah lamun geus nyaho 
resepna, urang bisa berkreasi nyieun semur jengkol versi baru. anu versi 
baru ieu bisa di jual ku urang.

tah kitu lalakon semur jengkol teh.

ua duq wrote:
>
> tah kusabab uing mah, bureng pisan masalah it. sok ah geura 
> ngabarelele para emb... eh it-ers hahaha. naon kaleuwihan mac os 
> dibanding windows jeung linux teh?
> terus kuring rek nanya ngeunaan istilah, opensource, jeung free 
> software. aya beja cenah nu dimaksud dinya teh lain haratis 
> saharatisna, tapi eta piranti-emoy (hahah) teh bebas diutak atik ku 
> sing saha wae... da maranehna (nu ngembangkeun piranti-emoy eta) ge 
> nganti pisan ka sumbangan ti nu marake mah :))
>
>
> uun sncanna
>
> -- 
> d-: dudi herlianto :-q
> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
>
> On Wed, Nov 26, 2008 at 8:36 AM, Kabayan <[EMAIL PROTECTED] 
> <mailto:[EMAIL PROTECTED]>> wrote:
>
> macintosh teh turunan ti BSD, basedna nganggo BSD ngan iyeu mah 
> dikhususkeun pikeun anu daek mayar jeung jang desktop (anu butuh ku 
> grafik) lain jang server. Ku kuring oge karasa MacOS leuwih alus batan 
> windows komo ari linux mah da ari linux mah haratis tea. kitu ceunah.
>
>
>     _
>
>
>
>
>
> 


Kirim email ke