Teu Wawuh, Mangka Teu Nyaah

Enya kitu eta paribasa teh bisa tumerap ka saha wae, teu urang  SUNDA, JAWA, 
BATAK, AMBON jeng loba deui nu liana ( nurutan lagu kang Haji Roma Irama 
saeutik ah.)

Kumaha jeung KUSNET? 
Jigana mah sarua wae euy, kajeun teuing ceuk Kuncen dinu mail munggaran ka 
anggota milis nu anyar mah aya bewara, “ Sok gera posting, !! ,  pasti ti ditu 
ti dieu patingbales “ (kajeun beda-beda saeutik mah basana da teu apal kaburu 
diapusan).
Sanes bade suudzon ka dulur-dulur anu keur gagaro bujur, baraya anu rada gaya 
tapi teu balaga, saderek anu tos tuang bodrek tur langsung sare kerek, iyeu mah 
rek saeutik nuangkeun uneg-uneg wungkul :

•       Dina posting simkuring TULUNGAN ! ( [EMAIL PROTECTED] ) tadina mah 
mikaharep pisan sugan aya nu tiasa nulungan kunaon mail simkuring nu make 
telkom di OE bisa narima ti Kusnet, tapi teu bisa posting ka kusnet? Naha 
setingan OE na nu salah atawa kunaon. Ditunggu-tunggu taya nu mere ‘SOLUSI’ 
keneh, nya tibatan keuheul atuh ka ki Kuncen ahirna menta mail simkuring nu eta 
di UNSUBSCRIBE wae, da jang naon ari teu bisa posting mah.

Tapi henteu ari pundung mah, (da masih keneh sok noongan di juragan YAHOO)  
dugi ka aya mail waleran ti kang SYAM RIDWAN ( asa sono euy …. Hayang ningali 
fotona anu make barangbang semplak, di beuhueng nangkring dasi kupu-kupu, di 
tonggong nyoren samurai, biwir katutupan ku carutu ti Kuba,  tur keur 
nyanghareupan dupa bari haseup menyan ngebul ka mana-mana, belah kenca aya 
laptop nu nyambung ka telepon nu masih di engkol keneh, belah katuhu handphone 
nu sagede tatakol bedug, aya keneh eta foto the kang Syam? ) kajeun teu mere 
solusi ge, ngan ngabejaan wungkul yen nu BELIAU mah taya masalah maka telkom 
the cenah. 
Waleran ti kang SYAM (wungkul) teh asa ngabenerkeun judul postingan iyeu “ TEU 
WAWUH MANGKA TEU NYAAH “ pedah nu lain mah can wawuh dan simkuring na ge karek 
jol di kusnet can ngenalkeun diri sigana mah. Enya kitu ? ………. Duka teuing
  





      Apakah demonstrasi & turun ke jalan itu hal yang wajar? Temukan 
jawabannya di Yahoo! Answers! http://id.answers.yahoo.com

Kirim email ke