satuju kang! tong diengkekeun deui. 
eta mah sanes nyedot kesang pagawe, sugan mah nyedot geutih.
abong jaman keur susah ku pagawean...tuluy ngamangpaatkeun situasi. 

Pausahaan jasa Security mah seeur, di jabodetabek ge tos langkung ti 300an.
Usaha Jasa Security sok disebut oge bisnisan ''Para Bintang''.
Ti mimiti nu kaliber TOP dugi ka nu ecek-ecekna. tapi pola recruitingna tara 
sepertos iklan nu eta.
Biasana perekrutan pagawe mah dilaksanakeuna dimana perusahaan tos kenging 
client, jeung tara aya biaya naon2 da cost kanggo saragam sareng palatihan mah 
tos janten beban clientna.

Insyallah sim kuring bade ngintungkeun tulisan ka media citak, supados profesi 
ieu teh kaangkat jentre dina raraga Hari Jadina ping 30 Desember.


wassalam,
IT - punten ah pag ngoreksikeun bilih teu merenah basana




________________________________
From: Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Monday, December 1, 2008 5:59:32 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] (OOT) PELUANG BEKERJA MENJADI SECURITY


Diponcorong sababaraha lila, Ari Syahrial, SH teh gawena posting lowongan rupa2 
pagawean. Nu postingna ti sababaraha alamat, da nu ti heula mah (ariemuara) ku 
kuring geus dikaluarkeun. Nu ieu ge sigana rek ditalapung ah... iwal mun aya nu 
bisa kompirmasi yen ieu mangkeluk teh jelema baleg...

k#5
sikandar raheut jajangkungna


2008/12/1 Panzi 

karunya teuing mun enya katarima teh...
geus gaji ngan ukur 972.000, tanggung jawabna gede,
saragam kudu meuli, kudu mayar biaya adminitrasi deuihhhh...! !
nu dibawa ka imah sabaraha nya...??? beu...!!!
 


      

Kirim email ke