tadi peuting ki adi panengah nelpon ti Tumbilaloka (Balikpapan versi KUSnet), nanya ngaran Gupernur Jabar, bisi salah nyebut cenah. Nya Ahmad Heryawan. aya naon kitu? cenah poe ieu gupernur rek ka balikpapan, rek masrahkeun sumbangan mangrupa saparangkat waditra degung. cenah basa PON, gupernur jabar urang sukabumi ieu teh panggih jeung kumpulan urang sunda di balikpapan- ngarana Paguyuban Parahyangan, diperedih sangkan bisa nyumbang alat musik degung. ke peuting cenah acarana di hotel bentang lima gran senyiur kitu.
ki adi panengah ngumbara ka Balikpapan, muka usaha perumahan PT Telaga Mas cenah deukeut bandara Sepinggan-can kungsi ngalongok, karek ningal fotona. ki adi panengah sakolana ti arsitektur Undip. tah ka fans Undip, aya balad di Tumbilaloka. haha. si kuring ka balikpapan karek sakali basa manehna kawin. di urus ku kang Kosam nu damel di pertamina. harita kungsi dajajap kang Kosam ka bumi bah Abas Amin.