Iteung : Keur naon akang mani serius kitu..??
Kabayan : Puguh keur nonton TV ieu teh, tuh tingali film na mani rame 
kitu.
Iteung : Euluh enya geuning film na rame pisan, cik kang teguh geura 
eta anu naek motorna labuh moal?
kabayan : Moal atuh Iteung, maenya labuh mah sakitu jagona manehna 
teh.
Itung : ceuk Iteung mah pasti labuh..
Kabayan : Ah maneh mah nyanyahoanan wae...
Teu lila bener we eta anu numpak motor teh labuh da aya liang di 
tengah jalan.
Iteung : Tuh nya kang ceuk Iteung ge labuh...
Kabayan : Heueuh euy bener pinter maneh Iteung. Dasar atuh eta nu 
tumpak motor belegug...
Iteung : Lain kitu kang, Iteung mah geus nonton film eta mah minggu 
kamari
Kabayan : Har, da aing oge geus kungsi nempo film ieu mah.
Iteung : Naha atuh ari geus nempo teu bisa neguh ...
Kabayan : Lain Iteung, aing mah sugan we jeung sugan eta anu tumpak 
motor apaleun pan kamari manehna jalan kadinya teh labuh da ya liang. 
Sugan we ayeuna mah manehna geus apal tapi buktina dasar jelema 
belegug geus puguh aya liang hayo we kadinya deui kadinya deui jalan 
teh.
Iteung : ?????? (lieur mode on)


Kirim email ke