On Wed, Dec 17, 2008 at 9:51 AM, H Surtiwa <surt...@gmail.com> wrote:
> Beten na diurang mah tibalik, lamun aya semah bade ngalocotan
> sapatuna buru2 urang nimbrung "Wios atuh dianggo wae kalebet!"
> (Dina hate kotor siah).

Punten baraya, jigana kudu rada dieureunan pagawean NELUH MANEH teh.
Sabab najan meureun maksudna heureuy, lila-lila mah bisa jadi
kabiasaan, hayoh dianggap bener, yen urang Sunda sok resep munapek,
lain nu diucapkeun lain nu dimaksud. Nu antukna hayoh jadi rujukan
batur. Upama geus kitu, hayoh ke ditulis ku batur dina artikel yen
Urang Sunda munapek, pasti barendu nya. Padahal eta penilaian batur
teh, meureun sumberna nya datangna ti urang-urang keneh.

salam,
mh

Kirim email ke