Rampes Ambu Mien* 
Nepangkeun, abdi Roro, linggih di Bandung. Abdi ge aya teureuh Garut da, tapi 
ti wewengkon Malang* bong heheh.
Subhanallah, sae Ambu tos sepuh oge masih keneh jagjag waringkas, seuseurnamah 
tos tokroh2 bin tawehwoh. Wios, teu kedah diemutan perkawis yuswa mah, bilih 
teu damang. Di dieu mah rame, tinu anom dugi ka sepuh galo, sanaos teu nyambung 
ge * ih, sok disambung-sambung, nya Alhamdulillah salami ieu mah 
nyambung-nyambung bae. Heheh, punten ngaheureyan sepuh.

Teh Ipeut, pan Teteh mah lebet keneh balita... ;)

Kang Kumi, beda wae nu sok tender mah, aya mark-up yuswa sagala.
Kunaon geumpeur? Kade ah, ke bilih ngaroroncod tuur tepang sareng senior mah 
hihiihi*

ro2



>>> kumin...@urangsunda.or.id 12/17/08 10:02PM >>>
Ah Teh Tien mah yuswana di-mark up! Heuheu...

Kutan unggal minggon ka Garut, Ambu Mien? Atuh kaleresan, da abdi ge sasasih 
sakali wae mah sok ngalongok punbiang sareng carogena (punbapa maksud teh... 
heuheuheu...) lan pun adi-lanceuk katut alo2... Susuganan atuh tiasa tepang...

Kacipta geumpeurna... baheula wae ari tepang jeung mojang bae sok geumpeur, 
komo pami tepang sareng seniorrrr.... :P



On Wed, Dec 17, 2008 at 9:56 PM, indung peuting wrote:


Haturan kang/Teh Mien......?


Mangga kalebet teh Mien tong asa-asa, didieu di lembur bakus seueur baraya 
teh.........da si ipeut urang Garut mung tos lami aya di wetan.


Mangga ramekeun ieu lembur, perkawis yuswa mah teu janten masalah, da si ipeut 
ge tos janten manula aya 80 kirang ....he he
 

Kirim email ke