sampurasun
ieu teh ambu mien tea, hoyong nepangan ki kumincir, hoyong naros dupi
ti leuwidaun na teh tipalih mana nya? cing sing jelas ambu hoyong
terang da ambu oge seueur baraya didinya, diantos wartosna, nuhun.

wilujeng enjing kanggo teh ipeut sareng neng roro ti ambu.

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Kumincir Wikidisastra"
<kumin...@...> wrote:
>
> Rampes...
> 
> Bagea, Ambu Mien... Geuning tos lumayan, sapantar sareng punbapa nu 72.
> Alhamdulillaah sigana mah jagjag waringkas keneh, nya? Mugia...
> 
> Nepangkeun, abdi sikandar, urang Leuwidaun-Garut nu keur nyiar
kipayah di
> dayeuh Jakarta...
> 
> On Wed, Dec 17, 2008 at 9:17 PM, Mien Ardiwinata wrote:
> 
> >   sampurasun,
> > sim kuring hoyong nepangan sadaya dulur2 anu sok ngempel
dikomunitas urang
> > sunda.
> > dupi wasta sim kuring pun resmini ardiwinata. kawit lembur mah
asli urang
> > garut mung lami nganjrek di bandung. mung langkung tipayun hoyong
terang,
> > naha aya kitu anu saumur sareng sim kuring nyaeta tos bade 70.
hatur nuhun
> > kana pangangkenna.
> >
> 
> -- 
> sikandar
> kumincir.blogspot.com
> su.wikipedia.org
> www.urangsunda.or.id
>


Reply via email to