Ari aki nimbrung mah kieu yeuh. Sadaya sarana angkutan umum peryogi, sapertos: 
taksi,angkot, tmb, oge mtr. Anu peryogi sanesna saleresna sarana jalan di kota 
Bdg teh. Tangtos urang sadaya mafhum, yen heureutna jalan2 di kota Bdg mangrupi 
salah sawios anu ngabalukarkeun macet. Kumaha ngigelan dina masalah ieu? Aki 
tos lami pisan nyarankeun ka pamarentah kota (istilahna ka anu dibendo), kersa 
teu kersa kedah sangem nyayogikeun jalan enggal di luhureun jalan anu tos aya. 
Eta ge can tangtos ngajamin masalah macet beres tuntas jadi lungsur langsar? 
Margi upami jumlah sarana angkutan nambihna langkung ti 2x. nya keneh2 wae 
bakal macet. Mgkn tiasa diigelan deui dina nempatkeun rambu2 lalin, denda anu 
tegas ka anu ngalanggarna, dibayar ka bank, ulah ka aparat langsung. Loba anu 
ngalanggar jadi sumber PAD. Jln anu diluhur oge sae nganggo toll anu kabedag, 
ulah haratis, supados ngabiayaan sarana tiasa tina pemasukan eta?  

ayilagi wrote:
> Ngiringan nimbrung ah...
> Kaleresan pribados seeur wargi sopir angkot anu jalurna kacandak ku TMB..
> Ari ngadangu cariosan supir angkot mah anu matak ngamacetkeun ayeuna2
> mah nyaeta jumlah motor anu tos seueur pisan, da jumlah angkot mah ti
> kapungkur ngan sakitu bae..
> Saur supir angkot naha cenah sok ngetem sareng eureun dimana wae, da
> penumpangna cenah anu manja.. hoyong numpak angkot anu caket jeung
> penumpang, alim leumpang rada tebih-tebih mah..
> Mun ditilik-tilik, anu salah saha ??? supir angkot ?? ah teu salah2
> teuing da supir angkot oge.. saleresna mah urang sadayana anu pengguna
> jalan kedah mematuhi aturan sareng ikhlas we..
> TMB ari ceuk pribados mah terlalu dipaksakan.. kasieunan di candak
> deui ku TMB na ku pusat.. ceuk saya tos we nu aya di berdayakeun ulah
> sampe bersinggungan sareng nu tos aya.. cik atuh karunya kanu LEUTIK teh..
> baktos,
> Ayi (Bandar Belut, kenek angkot)
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, "ballegh" <ball...@...> wrote:
>>
>> asa can perlu, da bandung mah asa can macet2 teuing..
>> macetna soteh mun weekend weh..
>> dipinuhan ku urang jakarta nu ngadon balanja..
>> mun ceuk baraya kuamaha tah tentang pentingna TMB. naha geus perlu 
>> atawa acan?
>>
> ------------------------------------
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> Yahoo! Groups Links
>     Individual Email | Traditional
>     http://docs.yahoo.com/info/terms/



      

Kirim email ke