Wilujeng Kang Haji..
nyaanan euy jadi Haji ayeuna mah...

Tasbeh ti Mekkah-na aya keneh ?
cik menta atuh. sugan kapetelan barokahna.
ujug2 meunang hidayah, cageur, tuluy indit ka Tanah Suci
sugan eta ge,kabagian kuota..

balik tiditu teh meunang pangkat anyar : "Haji Jay"
asa teu pantes nya ?
hi hi... 


-Jay-



--- In urangsunda@yahoogroups.com, Jalak Pakuan <jalakpak...@...> wrote:
>
> Ass. wr wb.
> Alhamdulillah sim kuring sareng pun bojo parantos di Jakarta deui
kalayan salamet rengse ngalaksanakeun rukun kalima. Hatur nuhun ka
MJ oge para wargi kusnet kana bantosan sareng du'a na. Sim kuring mah
mung tiasa ngadu'a mugi para wargi nu tacan munggah haji diondang ku
Gusti Alloh. Alhamdulillah di ditu pami tos netepan sok ngadu'akeun,
atuh mangga para wargi nyaketkeun diri masing-masing supados kageroan.
Amin.
> 
> Sakali deui, hatur nuhun ka sadayana. Jazakallohu khoiron katsiro.
> 
> salam,
> tirta sarimbit
>  
> Makarya Mawa Raharja
> 
> 
> 
> 
> ________________________________
> From: mj <ja...@...>
> To: Urangsunda@yahoogroups.com
> Sent: Sunday, November 30, 2008 3:10:21 PM
> Subject: [Urang Sunda] Kang tirta munggah haji
> 
> 
> 
> mj
> 
> http://geocities. com/mangjamal
> http://mangjamal. multiply. com
> 
> Malem minggu kamari kang tirta ngapung ka jedah, seja ngalaksanakeun
rukun
> islam, naek haji. Neda pidu'ana cenah ti wargi kusnet. sing lancar sing
> mabrur. Amin
>


Kirim email ke