Bongan sarepi wae, rek ngadongeng perkara kabiri ah. Jaman baheula ngabiri 
jalma hal nu biasa
dilakukeun pangpangna di Timur Tengah jeung di China. Nu dikabiri biasana
budak belian. Dina situs "All About Turkey"
(http://www.allabout turkey.com/ harem.htm) diterangkeun kumaha cara ngabiri
lalaki di jaman Kasultanan Turki Ottoman. Ngabiri lalaki biasa dilakukeun ka
budak nu acan akil baleg. Aya tilu cara:

1. Kabeh organ reproduksina dipotong ku peso seukeut pisan, terus dina
saluran kiihna (urethra) dipasangan pipa (tina timah atawa kai). Keur
ngeureunkeun aliran getih dipengpek ku minyak ngagolak jeung pasien nu
dikabiri dibebeskeun kana tumpukan tai sato nu masih seger. Pasien dibere
diet susu. Lamun nu dikabiri acan puber, biasana bisa cageur deui. Ngabiri
model kieu disebut SANDALI (Clean-Shaven) .

2. Ngabiri ku cara motong penisna wungkul. Teu ngaleungitkeun nafsu birahi
sanajan "alat"na geus euweuh. Kadieunakeun sanggeus katimu karet
(caoutchouc) lalaki nu di kabiri model kieu, ngamanfaatkeun karet ieu keur
nyalurkeun kahayang birahina.

3. Ngaleungitkeun siki kanj.... alias testicle. Ieu ngaleungitkeun nafsu
birahi.

Di Kasultanan Turki Ottoman, umumna nu dikabiri model SANDALI (Clean-shaven)
budak beulian urang hideung sedengkeun budak belian kulit bodas (bule/ pias)
umumna dikabiri model 2 jeung 3. Kulantaran dikabiri "bebeakan" teu
disesakeun, budak hideung ditempatkeun di tempat HAREM (tempat para awewe
karajaan, kaasup para selir Sultan, mungkin sarua jeung kaputren di urang).
Ari lalaki kabiri kulit bodas ditugaskeun dina tugas-tugas pamarentahan
(dijauhkeun ti kaum Hawa), meureun kulantaran dikabirina kurang sampurna,
komo lamun dikabiri ukur dipotong penisna wungkul mah.

Lengkep dongengna aya dina situs "All About Turkey". Kade ieu situs lain
situs propaganda keur ngagogoreng kasultanan Turki Ottoman, tapi situs iklan
parawisata meunang urang Turki sorangan sabab ayeuna istana para sultan di
Istambul teh jadi obyek wisata .....

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke