di imah kolot aya ngaran dua budak nu hurup hareupna J, alesanana mah
teu pira, pedah wedalna poe jumaah. nu hiji si kuring, nu kadua
panengah arjunana imah, jenal-nu ayeuna di tumbilaloka. maksudna, eta
salah sarebu cara kolot nyieun ngaran anakna. sanajan ayeuna semu
keuheul, sabab teu bisa atawa hese ka amerika, da geus boga cap ngaran
arab mah teroris atawa barayana. haha.

aya oge kusabab ngaran teh mangrupa du'a. ki adi di balikpapan eta,
boga anak lalaki. ngaran budakna, lalaki, fathur rizky (hartina cenah
rizky nu kumpul) tukangna di bere ngaran hadiwijaya. lain ngaran
kulawarga, tapi cenah eta teh urang galuh nu pinter pisan 
baheula-asana kungsi jadi menteri pertanian, alumni ipb. 

saumur nyunyuhun hulu, geus mere ngaran opat kali. dua mah ka anak
sorangan. dua ka anak bibi jeung kapi lanceuk. nu hiji mah, sabab
lahir bulan agustus, lalaki, nya aya kecap Mahardika, kecap awal
merdeka. pikeun pangeling-ngeling. sanajan biasana nu bulan Agustus
mah ngarana, biasana, Agus. maksudna, ieu tanda atawa pangeling-eling
bulan wedal. bisa oge poena, cara si kuring. Jumaah (kliwon) jadi
Jamal. heuheu.

aya deuih nu make ngaran anak ti sajarah. cara kang Ajip Rosidi, salah
sahiji anakna di bere ngaran Rangin Sembada. Rangin ti Bagus Rangin.
aya deui nu jadi dosen di Jepang, nu ieu mah Uga Perceka. 
nya eta mah pangeling-eling jeung oge du'a.




> --- In urangsunda@yahoogroups.com, Dade Thea <dadethea@> wrote:
> >
> > Ass. Punten ka sadayana...
> > Sim kuring nyuhunkeun bantosan yeuh...
> > Insya Alloh mun kapareng bade janten Bapa jigana mah... he..he..
> > Tah kahoyong mah ngaran budak teh hayang ngaran sunda (anu sae
> tangtuna..maklum nembean ieu teh...)
> > Ka para sehu mung tiasa mah pang bantosankeun sim kuring lah nami
> budak tina basa sunda sareng hartosna.
> > Upami tiasa 20 kanggo pameget teras 20 kanggo istri ke diseleksi
> he..he.. (kawas ujian wae)
> > tos milarian (teu acan maksimal sih...) salah sahijina tina kamus,
> mung abong urang kampung aya nami anu katelahna sae tina basa sunda
> jeung gaya tapi hartina teu ngarti jadi bingung ieu teh (bingung
> tingkat tinggi.. caritana mah...)
> > Daripada gaya tapi artina aneh mending naros kanu ngarti we ah bisi
> salah...
> > Tah ku kitu sakali deui bantosan ka sadayana...
> > sateuacanna sim kuring ngahaturkeun hatur nuhun.
> > Cag Ah...
> > Wass.
> >
>


Reply via email to