Neangan Diri Lain Ukur Nempo Ka Diri

 

Ulah
     pabeulit wae mikiran diri sorangan,

geura
ngalengkah di luar jalma-jalma nungguan,

mun ngan ukur
naluntik jero sorangan,

nepi ka iraha
moal panggih nu diteangan. 

 

Aranjeun lain
jiga kang jeng nabi,

moal bisa nyaruaan
kasampurnaan nabi,

geura nindak
jang ngabelaan ajaran kang jeng nabi,

ngarah
aranjeun geura-geura nepi. 

 

Neangan diri
lain ukur nempo ka diri,

lain ukur
nyumput neangan kasampurnaan diri,

lain ukur
tatapa ngorehan jati diri,

geura
ngalengkah nu mangpaat jang batur eta sajatina diri. 

 

Arek nepi
iraha ukur nyalahkeun diri,

nepi iraha
ukur ngagogoreng diri,

di luar urang
sunda geus teu boga harga diri,

rek kusaha
deui dibelaan salian ti aranjeun boga diri. 

 

Ngudag
kasampurnaan,

lain ukur
nooangan sorangan,

kudu geura
neangan,

nu di luar
pangawakan.  




      

Kirim email ke