Wanoja, Indung Manusa

 
Mun diibaratkeun kana logam mulia, wanoja téh emas. Emas tea boga ejen
luhur jeung mahal, nunda jeung makena oge ditempat nu hade. Jadi
pantes mun sacara adat ogé agama, kacirina loba aturan nu dilarapkeun
ka atawa pikeun wanoja. Cék salérét mah katémbongna siga nu ngahengker
laku-lampah wanoja, padahal boh pikukuh adat boh agama, justeru pikeun
ngajaga diri jeung ajén wanoja, sabab emas tea.

Cara teu meunang indit-inditan sorangan, komo ti peuting jeung jauh,
kudu aya nu  nganteur pikeun jadi pangawal. Komo munggah haji mah,
dikudukeun pisan aya batur lalaki nu masih muhrim, jsb. Lain hartina
ngaheureutan ‘hak pribadi’ wanoja, tapi sabenerna pikeun protéksi
atawa ngalindungi, kusabab ari wanoja mah, mun diibaratkeun kana logam
téh, sarua jeung emas téa. Sedeng lalaki mah beusi. Kusabab emas,
tangtu teu bisa sagayawah. Béda jeung beusi. Di kampung-kampung
baheula mah, barudak lalaki bisa disebut teu pati dipaliré atawa teu
pati dipiroséa ku kolotna. Sare di tajug atawa di bale oge teu nanaon.
Béda jeung wanoja.
 
Kautamaan Wanoja
Mun noong tetempoan batur, cara Søren Kierkegaard, filsuf
néoéksisténsialis urang Dénmark, kapanggih yén nu ngaran wanoja mah,
boga ajén inajén atawa harkat nu béda unggal tahapan hirup nu kasorang
ku dirina. Nincak umur beuki ngaluhuran tah ajéna teh, alatan posisi
atawa statusna ogé robah jeung nambah. 

Cék manéhna mah,  salaku pangantén, wanoja leuwih geulis tibatan masih
parawan. Salaku istri hiji salaki, wanoja jadi leuwih geulis, sabab
geus hirup papasangan, geus jadi pangawasa di rumah tangga. Kecap
“pamajikan” teh cenah asalna ti kecap “majik”, nu hartina cicing atawa
dumuk. Jadi istri téh nu dumuk di bumi atawa panguasa imah.  Harti beh
dieu, bisa ti “majikan”, nu hartina nya meureun dunungan atawa bos, ka
saha salaki nyetorkeun panghasilanana, jeung nu ngatur pangaluaran
rumah tangga.

Istri robah atawa nambah status jadi indung. Parobahan katara oge dina
aurana. Geura ari keur kakandungan, raray hiji istri sok cahayaan.
Siga nu méré tanda yén éta istri téh calon indung, keur ngasuh calon
manusa dina rahimna. Geus ngalahirkeun, salaku indung, wanoja jadi
langkung geulis tibatan panganten. Salaku istri jeung indung, wanoja
teh éstuning nu jadi matak dunya terus  muter mangtaun-taun kahareup. 

Kumaha mun éta wanoja geus jadi nini? Ajéna malah beuki luhur deui
sabab jadi sumber pikeun sasaha, jadi pananggeuhan jeung tujuan
saréréa. Sok we geura, mun budak ménta duit ka kolotna teu dibéré, aya
nini, pasti lumpatna ka nini, da nini mah gedé kamungkinana bakal méré! 

Nini atawa enin (nya aki oge sebut wé, bisi pundung) jadi tujuan
saréréa unggal mudik lebaran. Bibi, mamang, ua, kitu deui kolot
sorangan, marudik lebaran teh ka sepuhna utamana ka indungna, nya nini
téa. Dina soal kanyaah nu jadi nini ka incu-incuna ketembongna leuwih
gede batan ka anak-anakna. Pangna kitu, kahijina, nya da anak-anakna
geus gedé, kaduana, sigana nempo incu téh aya rasa waas atawa kahudang
rasa, jadi panineungan nini ka mangsa keur ngora, keur boga budak
laleutik kénéh.  Ogé yen incu nu balatak teh nu baris neruskeun katurunan.

Munggah haji lir ibarat mudik ka nini. Deukeutna ka Siti Hajar
(garwana nabi Ibrahim), jauhna ka Siti Hawa, pasangan nabi Adam téa-
pasangan manusa munggaran di alam dunya. Ngaran wewengkon di Arab
Saudi nu pangheulana didatangan ku nu munggah haji ti sabrang,  boh nu
maké kapal laut boh nu maké kapal udara téh, kota palabuhan Jedah. Ari
kecap “jedah” teh basa Arab nu hartina “nini”. Naha wewengkon éta
disebut kitu? Sabab cenah di dinya pisan aya makam Siti Hawa. Di urang
 baheula, anak nu lahir ku cara teu sah (kolotna teu akad nikah
heula), sok disebut “anak jadah”. Sabab kalolobana baheula, si anak
sok terus dikukut ku ninina!

Salah sahiji rukun haji, nyaeta Sya’i téa, lumpat leutik ti Syafa ka
Marwah, minangka ‘napak tilas’ baheula basa Siti Hajar lulumpatan
néangan cai pikeun anakna, Ismail.  Eta siloka pikeun ngajenan para
ibu, indung nu ngandung, pikeun ngarasakeun kumaha indung susah payah
ngurus barudakna. Numutkeun hadis Nabi, kautamaan indung lobana atawa
darajatna tilu kalieun bapa. Tangtu kitu. Sabab ti indung manusa
lahir,  tugas bapa mah ngan ukur jadi donor sperma nu ngangkut
kromosom X. Cék élmu Biologi mah, manusa teh dasarna kromosom Y, nu
nyampak di indung jeung Y eta teh ciri kromosom wanoja. Nu jadi
lalaki, katambahan kromosom X ti bapa. Jadi kromosom wanoja rumusna
YY, kromosom lalaki XY, hartina, sabenerna mah di diri lalaki, aya
unsur wanoja nu jadi dasar kromosom manusa. 

Mun urang nganjang ka kebon binatang, katembong merak nu endah buluna
teh merak jalu. Kitu deui, singa jalu nu buluna panjang teh. Hartina,
di dunya sato mah nu endah teh jalu. Sabalikna, di dunya manusa mah nu
endah atawa geulis sacara lahiriah teh wanoja. Malah salian ti ciri
lahiriah atawa bakat alam eta, wanoja boga cara deuih pikeun nambah
atawa mapaes kaendahan atawa kageulisan nu geus jadi ciri wanoja eta,
nyaeta ku cara dangdan tea.
 
Wanoja Dina Babasan & Paribasa
Di dunya, nu cek si cenah dikuasa ku lalaki ieu, geus nempatkeun
wanoja dina posisi nu dianggap nomer dua. Cara babasan baheula, “awewe
dulang tinande”, nu nunjukkeun nasib hiji istri kumaha salaki. Eta
dina mangsa istri can milu neangan kipayah cara jaman kiwari. Tapi
babasan kitu bisa keneh kapake ayeuna dina soal kapamingpinan di rumah
tangga, yen salaki nu jadi pilot, istri jadi kopilot. Tapi sanajan
kitu aya “awewe mah gede bendunganana” nu hartina, wanoja mah leuwih
kuat (nolak) narima pangajak kalakuan nu teu bener (Ajip Rosidi, 2005:26).

Loba babasan nu nunjukeun kautamaan atawa muliana hiji indung.  Aya
babasan duka timana asalna (sigana ti Arab), yén “sorga teh ayana
dihandapeun dampal suku indung”. Babasan éta lain hartina naraka aya
handapeun dampal suku bapa, tapi pikeun nembongkeun yén indung teh mun
dibanding pasanganana, bapa téa, posisina leuwih utama. Kukituna mah
pantes jeung geus sawajarna mun sok aya manusa ménta hampura ka indung
bari jeung sujud atawa nyium suku indungna. Ongkoh dan pangeran moal
rido ka hiji manusa mun indung (bapa) éta manusa teu rido.

 Bakat ku luhurna ajén atawa harkat martabat indung, urang Yahudi mah
boga babasan nu aheng, “pangéran nyiptakeun indung sabab pangéran teu
bisa aya diunggal tempat.” Urang Yahudi nepi ka boga babasan nu
‘nabrak’ sipat pangeran kitu bakating ku luhurna ngajénan kanu jadi
indung.

Dina babasan jeung paribasa di urang, indung loba dipaké mikeun
ngagambarkeun mangrupa-rupa perkara. Cara “indung peuting”, “indung
suku”, “ibu pare” “indung beurang”, malah di bahasa nasional mah aya
kecap “ibu kota” sagala pikeun puseur dayeuh nagara. Fitrah indung
papasangan jeung bapa, jadi aya “indung hukum bapa darigama”, “indung
lembu bapa banténg”. Ka saha urang munjung jeung muja sangkan hirup
bagja, lain ka , nyaéta “munjung ka indung muja ka bapa” sabab 
“indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat” oge sabab “indung nu
ngandung bapa nu ngayuga”.  Unikna, unggal babasan atawa paribasa
nempatkeun indung ti heula. Punten we ka para bapa!

Wanoja teh tihang nagara. Ari nagara aya tilu unsurna nyaéta rahayat,
wilayah jeung nu ngurus. Ayana rahayat jeung nu ngurus nagara teh apan
sasatna mah dilahirkeun ti rahim indung,  Lian ti ngalahirkeun manusa,
ogé indung teh apan nu sacara tradisional jeung empiris nu leuwih loba
waktu jeung deukeut jeung barudak. Hartina, indung pisan nu leuwih
loba méré pangaruh mangrupa atikan, utamana étika, ka barudakna. Rumah
tangga teh bisa diibaratkeun nagara leutik. Matak indung atawa istri
sok disebut “ratu rumah tangga.” 
 
Wanoja Leuwih Kuat 
Wanoja, kusabab ditakdirkeun pikeun kakandungan, cék si cenahm jadi
boga bakat atawa naluri ngurus. Leutik kénéh oge wanoja mah geus bisa
milu mantuan kolot ngurus imah. Kiwari, kusabab nagara can bisa
nyadiakeun tempat gawe pikeun sakumna rakyat, bakat eta dijadikeun
modal pikeun nyiar kipayah nepi ka luar negeri. Ayeuna milyaran devisa
dikaririm ti luar negeri, ku para wanoja nu digarawe jadi TKI tea.
Kalolobana digawe jadi rencang,  ngurus rumah tangga nu jadi dunungan.
Sok sanajan ngan jadi rencang, para wanoja eta meunang jujuluk pikeun
ngajenan, nyaeta “pahlawan devisa” tea.

Kusabab tugasna leuwih ti lalaki, nu utamana mah ngalahirkeun manusa,
wanoja dibere kamampu leuwih kuat jauh tibatan lalaki. Kaasup nahan
kanyeri basa keur ngalahirkeun. Sanajan kitu, kamampu wanoja dina soal
kakandungan disaluyukeun jeung umurna. Geus nepi ka umur nu tangtu,
wanoja eureun kareseban atawa menstruasi, nu jadi tanda pangsiun ti
kamungkinan bisa ngandung jeung ngalahirkeun. Tada teuing ripuhna mun
nini nu sepuh masih keneh ngandung.

Sanajan teu nalungtik statistik, ku lobana bukti nunjukkeun yén pikeun
nu kungsi hirup rarabi, papasangan mangtaun-taun terus hirup
nyorangan, wanoja leuwih kuat hirup nyorangan batan lalaki. Geura
upami nini pupus tipayun, aki téh sok tara lami ngaduda, da sok teras
nuturkeun nini ka ahérat. Sabalikna mun aki pupus ti payun, nini mah
sok ngaranda teh rada lami. Salah sahiji alesan,  sigana, sabab nini
jadi leuwih santai, da pangsiun ngurus aki. Eta nembongkeun kaayaan
yen nini mah langkung kuat batan aki, tapi aki mah, nu biasa diurus
nini,  kaciri ripuh mun kudu hirup teu dibarengan nini.
             
------
kamari indung budak milangkala, poho pisan. beu....
hadena we bageur. teu pundung... 

Reply via email to