"Nyaleg"
Teu kasawang tianggalna bakal jadi tukang goong, da baheula mah cita-cita teh 
mokaha, mun teu jadi dokter nya jadi persiden. Heueuh lain nek ngarasula, ngan 
sok ngananaha kanasib sorangan,asa bet kieu kieu teuing. Pek we bayangkeun, 
kaayaan jaman kiwari,nu boga gajih matuh ge sok kadenge ngangluh, komo deui 
kuring, tukang goong, kadang sabulan campleng bolostrong teu manggung manggung, 
atuh nyamos! Balukarna dapur caneom, sungut pamajikan unggal poe nyuredak kawas 
keong racun.

"Enjum sing nalipak maneh siah! Piraku maneh nek nyaleg?" Mitoha pepedengkreng 
nyampeurkeun. Kuring ngabetem, geus kapikir samemehna,ancrub ka dunya pulitik 
mah lir ancrub ka kawah candradimuka,silih gitik silih segag loba saingan. Teu 
jauh jauh, contona mitoha, pan sakuduna mah nu jadi mitoha teh ngadukung kana 
karir kuring dina widang perpulitikan, ieu mah sabalikna, mun panggih kawas 
musuh gerot wae. Kituna mah pantes sasatna mitoha jeung kuring teh pan beda 
pamadegan, beda partey, kuring aktifis partey "rudet hate" sedengkeun mitoha 
kokojo partey "nalangsa".

"Yeuh geus boga modal sabaraha bet hayang nyaleg, nek nyaingan dewek?"Kadenge 
sungut mitoha ngorompyang deui. Kuring tetep ngabetem, percumah uab ge, kuriak 
ngajak debat kusir, ngabanding bandingkeun visi jeung misi partey manehna,ceuk 
pangrasana asa pangalusna, asa pangheueuhna. Rumasa kuring mah ngilu nyaleg teh 
ngan ukur modal panakol goong diembohan ku niat nu hade,lain pedah kabrongbroy 
ku beja pajarkeun lamun geus sukses dunya pulitik teh lir ibarat di sawarga 
sokawana, diugung ugung lir pangagung, dihormat hormat lir kamenak, sur sor 
marere upeti, cenah aya uang gravitasi,aya uang kunjungan,aya uang jabatan, 
uang reses, ah meureun mun diwadahan terus dihijikeun jeung gajih sabulan 
meureun aya sapipitieun mah. Enyaan daek burut salelembur,lain eta motipasi 
kuring hayang nyaleg teh, estu murni hayang ngabelaan wong cuelik.Teu 
percaya?Belah sajah Dadahku!".
  
Ngadenge janji janji manis kuring, Ibro si tukang rebab batur sapanayagaan,teu 
sirikna croh nyiduh, saeutik ge manehna teu percaya kana omongan kuring tadi. 
Kituna mah pantes sasatna manehna kungsi dikuciwakeun ku kuring,balukarna 
nepika kaayeuna sok neuteuli wae, masalahna mah teu pira pedah bedo 
dipangneangankeun jodo. Heueuh da si eta mah sok tara kira kira, boga rupa lir 
kembaran sicepot, mun direndengkeun jeung si cepot sok keder, mana si cepot 
mana manehna.  Hiji mangsa manehna meredih ka kuring nitah pangneangkeun 
bikang, keun wae cenah kawas Dian Sastro ge. Geus kaditu kadieu weleh teu 
manggih, antukna ditawaran nyi Icih, sikasebelan teh mumul, pajarkeun era 
ngiringkeunana. Abong lalaki sok hayang nu leuwih,jeung sok pinter kodek, tapi 
salutlah ka sieta teh salut ku pedena, ari pokna teh ulah jadi lalaki ari teu 
pede mah.

Dipikir pikir pan kuring ge nyaleg teh modal pede tea, gelar teu boga, modal 
teu boga,propesi ge ngan ukur jadi tukang goong, teu cara mitoha gelar ngaderet 
tukang hareup, potona oge reuteum dimana mana, ditihang listrik aya, dina dahan 
aya, dialun alun ngajeblag, saprak nyaleg paromana ngadadak marahmay,unggal nu 
panggih diajak seuri. malah sakeudeung deui cenah nek masang iklan ditipi,kabeh 
disebutan, dijadikeun baladna, patani baladna, padagang baladna,nalayan oge 
baladna, nu teu kasebut teh ngan hiji, tukang goong.

Najan poto kuring teu reuteum, najan teu nyieun baliho, komo masang iklan mah 
da eungap, tapi sakali wae kuring nihtirkeun goong wanci tengah peuting, pasti 
saeusi lembur harudang, pasti saeusi lembur bakal arapal, yen si enjum sikumis 
jekrem calon kuat partey rudet hate. Tah eta karek nihtirkeun goong dilembur, 
kumaha mun nihtirkeun goong diluheureun monas, pasti ibur salelembur ear 
sajajagat, unggal stasiun tipi ngaliput,unggal koran jadi headline, jadi iklan 
haratis. Enjum tea, moal sapati pati wani ancrub ka pulitik mun teu boga 
taktak, taktik jeung licik. Hidup Enjum! Hidup tukang goong! Hidup partey 
"rudet hate"!
*nu tacan gaduh buku keom tiasa dipilari di gramedia bdg & books city*

Kirim email ke