Jamu
Dikios jamu Madhapi tangang tengeng ka sababaraha merek jamu anu dipajang. Pok 
ku tukang jamu ditanya.
"Milari jamu naon mang?"
"Aya jamu nyeri cangkeng?"
"Aya,malahan salain ngubaran nyeri cangkeng, bisa jang eng-ing-eng sagala!"
"Wah kaparengan atuh, jamu naon kitu ngarana?"
"Batawi-Bandung, pokona mah dijamin ngagateng!"
"Cikan atuh nyobaan hiji!"
"Bade nu via cipularang atawa via sukabumi?"
"Bedana?"
"Mun via cipularang kurang leuwih dua jam satengah ngagatengna!"
"Ari nu via sukabumi?"
"Nya dua tikeleun tidinya!"
"Kagok edan! nu via sukabumi we lah!"

Sanggeus nginum jamu, gedig Madhapi muru imah, leumpangna ngagedig, sumanget 
pisan lir nu pangsiun nek nyokot gajih. Wanci janari leutik pamajikanana 
ngaharewos.
"Euweuh kabosen! Manggeus,kami geus kesel!"
"Sabar atuh, karek ge nepi Cianjur!" tembal Madhapi bari ngamuga muga 
dipadalarang macet total.

Weton
"Weton ujang naon?"
"Kemis pahing, Mbah!"
"Wah ujang teu cocog gawe dicai!"
"Paingan atuh Mbah,geus jadi palika teu ngalagu,geus jadi tukang cai pikul 
nyakitu keneh,jadi nu cocog naon kitu Mbah?"
"Ujang mah cocog gawe dikantor,unggal poe serengeh hareupeun monitor,macaan 
imel dimilis!"
"Apan ayeuna ge gawe na kitu, enya asa cocog sareng weton, cocog pisan, ngan nu 
can cocog teh gajihna Mbah!"
"Heueuh untung bossna batur, coba mun Mbah moal meunang gajih pisan!"
"Bay de wey Mbah geus lila jadi tukang ramal?"
"Wah tibubudak nepika sakieu kolotna!"
"Eta.....jadi tukang ramal teh cocog jeung weweton Mbah kitu?"
"Puguh teu cocog euy, matak weton Mbah hayang diganti!"

[nu can gaduh buku humor sunda keom-1&2 mangga pilari di books city plaza 
buaran jkt,giant ciledug,metropole tgrg,lippo cikarang,plaza karawang, stc 
sadang,plaza cianjur, griya smd,grand mall bekasi jrrd]

Reply via email to