Sampurasunnnn. ...

Dinten kamari sim kuring wangsul ka lembur. Kaleresan pendak sareng
Mang Yaya. Mang Yaya mani ngarontok, cenah, ayeuna mah tos damang
deui. Malah parantos tiasa manggung. Dua dinten kalangkung diangkir
nabeuh ka Solo, diogan pikeun nyukcruk galur titinggal Mataram di
tatar Sunda.
Mang Yaya ngahaturkeun nuhun ka wargi-wargi nu tos ngawaragadan
lalandong. Malih hoyong pendak sareng Mang Jamal katut Uwa M. Sas.
Saurna, bilih bade nanggap anjeunna, mangga. Kantun rencana wae. Bade
ngaleut ka Rancakalong, mangga! Bade ka Bandung, mangga! Panginten di
Rancakalong tiasa pakaulan di Bale Adat, atanapi di rorompok pun
biang. Urang nabeuh tarawangsa. Kitu saurna teh. 
Eta amanat ti Mang Yaya. Hatur nuhun.



      

Kirim email ke