Upami teu lepat, Teori darwin teh tos runtuh kang..di buku karya Harun Yahya / 
CD na oge aya, tos dijelaskeun , bahkan ilmuwan eropa tos ngadukung kana 
teorina harun yahya...mangga diaos karya harun yahya :Keruntuhan Teori Evolusi




________________________________
From: Erry Manihot <maniho...@yahoo.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Friday, January 16, 2009 2:47:51 PM
Subject: Fw: [Urang Sunda] Fw: Fwd: Celebrate Darwin with The Lancet


hatur nuhun kana waleran nana. kanggo kang waluya, leres abdi teh ti kasehatan 
bidangna, ngadosenan. dupi patarosan kang irpan, sim kuring henteu ngadukung 
100 % teori darwin, aya sabagian anu tiasa dibuktikeun diantawisna kuman anu 
resisten ku obat2an. ari teori sanes na mah kan masih teu acan kataekan ku sim 
kuring. maenya manusa karuhunna monyet? he..he..he. Sok mangga diaos bukuna, 
landong tunduh

baktos
ua manihot, jadi "ua" teu nanaon asal tong "owa" (orang utan) ha...ha..ha



----- Mesej Dikirim Lanjut ----
Daripada: Waluya <waluya2...@yahoo. co.id>
Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com
Dihantar: Jumaat, 16 Januari, 2009 12:31:24
Subjek: Re: [Urang Sunda] Fw: Fwd: Celebrate Darwin with The Lancet


Kang Erry Mani Hot (Hot pisan) sigana mah "urang kesehatan" (dokter atawa 
mahasiswa kedokteran?) da geuning Majalah Lancet teh Jurnal kesehatan nu 
medal unggal minggu: 
http://www.elsevier .com/wps/ find/journaldesc ription.cws_ home/31066/ 
description# description. 
Maca Elsevierna ge kuring geus surti, ieu majalah serieus ("kacida"), sabab 
penerbit ieu pagaweanana medal-medalkeun buku jeung journal-jounal elmu 
pangaweruh dina sagala widang (kaasup hargana nu sasangkleng ...hehehehe) .

Umpama "Lancet" tepi ka ngarayakeun 150 taun teorina Darwin, hartina Teori 
Evolusi teh henteu runtag kitu?

Baktos,
WALUYA

> From: "Irpan rispandi" <mr.rispandi@ gmail.com>
> kang Manihot, (jadi inget kulub sampeu euy).
> He..he..he.. , heureuy mang.
>
> ari ua Manihot teh pendukung darwin atawa resep ka darwin, atawa
> ngadukung teori evolusi?
> lamun enya, wilujeng lah. :)
> lamun henteu, berarti pa Manihot cageur, bageur jeung pinter.
>
> Erry Manihot wrote:
>> nepangkeun pribados, erry, urang bandung, salam kenal ka baraya kusnet.
>> mangga nyanggakeun forward ti majalah Lancet perkawis teori mang
>> darwin (e-book), he..he


________________________________
Nama E-mel baru untuk anda! 
Dapatkan nama E-mel yang telah lama anda mahukan pada @ymail dan @rocketmail 
yang baru.
Cepat sebelum orang lain mendapatkannya!  


      

Reply via email to