tah eta masalahna. he..he..he..
abi mah lain programmer.
sapopoe karyawan swasta bagian IT, tapi ngurusan jaringan.
jadi lamun ditanya progam, sok rungah-ringeuh.

lamun ngacu kana mesin wiki kumaha?

konsep sejen:
jadi secara database, nyieun tabel 'kecap' misalna.
tah tabel ieu teh bisa diakses ku user anu geus register dina website 
tarjamah.
user ieu bisa nambahan eusi tabel 'kecap' ieu.

ngan kumaha script SQLna, kuring lebeng. he..he..he..

Dian Tresna Nugraha wrote:
>
> Nuhun kang..
> Ngan abdi teh ngaraos tiiseun perkawis mesin tarjamah ieu teh.
> Tos dua taun lamina dipublikasikeun, tapi teu acan aya nu masihan
> bongbolongan sacara teknis kumaha carana sangkan langkung sae.
>
> Sugan kang Irpan tiasa, kode sumber sareng galur programna ku abdi
> dipublikasikeun da di websitena.
>
> Salam,
> Dian.
>
> 2009/2/5 Irpan rispandi <mr.rispa...@gmail.com 
> <mailto:mr.rispandi%40gmail.com>>:
> > Gelo,
> > hebat...hebat...hueebaatt...
> > jojing..jojing...jojing....
> > he..he..he..
> >
> > hebat euy lah si kang Dian.
> > eta mah lain "Selangkah lebih maju" deui, tapi geus lumpat miheulaan,
> > jauuhhhhh pisan.
> > nuhun kang dian lah.
> >
> > tah ka baraya, anu boga tarjamah keuneun.
> > ieu geus aya pakakasna.
> > sok lah, urang sunda geura maju, sabab salah sahiji panghalang (kendala
> > bahasa, red.) geus bisa diatasi.
> >
> > Dian Tresna Nugraha wrote:
> >
> > Mangga kang Nana,
> >
> > Ieu bilih bade nyobi maca Koran Tempo online Basa Sunda:
> > 
> http://tarjamah.sabilulungan.org/loka.php?article=http://www.tempointeraktif.com
>  
> <http://tarjamah.sabilulungan.org/loka.php?article=http://www.tempointeraktif.com>
> >
> > Mesin tarjamahna di dieu:
> > http://tarjamah.sabilulungan.org <http://tarjamah.sabilulungan.org>
> >
> > Hehe.. punten bilih seueur kalimah anu 'aheng'.
> >
> > Dian.
> >
> > 2009/2/4 Nana Suwargana:
> >> kang dian kagungan mesin kanggo nerjemahkeun ka basa sunda
> >> cobi kang lah alungkeun kaabdi
> >> mamanawian aya manfaatna
> >
> >
>
> 


-- 
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!


Kirim email ke