Aya aya wae kang jay.... Ngobrol jeung palu ampuuun paralun, ti iraha kitu teh? 
Heuheu...
Sent from my BlackBerry®
powered by Sinyal Kuat INDOSAT

-----Original Message-----
From: "Jay" <jay_tukangkom...@yahoo.com>

Date: Wed, 11 Feb 2009 01:48:19 
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Subject: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Palu Potong


Poe saptu, ujug-ujug juringkang hudang isuk-isuk. Biasana ge memang 
hudang isuk-isuk, beunta sakeudeung, tapi tuluy sare deui. Tapi poe
saptu kamari mah, asa sare asa henteu. Ongkoh peureum, tapi tibra. 
Tapi rarasaan mah teu sare, teuing ngimpi teuing kumaha. 
Ah, tapi keun wae soal eta mah, tong dipikiran lah, bisi gering. 

Tah, tuluy..
Hudang sare teh, tara langsung mandi. Komo mun keur teu indit gawe. 
Tapi ketang, boh rek indit-inditan atawa indit nyaanan oge, hudang 
sare mah kudu ngopi jeung udud heula samemeh ka cai teh. Geus 
jadi kabiasaan ti bubudak. Tah, kamari ge kitu. Ngan sibeunget we, 
tuluy ninyuh kopi. Rap kana koran, dibacaan judulna we wungkul.

Rengse nempoan koran, ngopi jeung udud, ngaleos ka tukangeun imah. 
Asa risi nempo pabalatak. kayu jeung triplek urut teh patutumpuk. 
Sabagian mah erep digegelan ku rinyuh. Saimah-imah teh nu sarupaning 
kakayuan mah, digarantian. Ti mimiti kusen, Reng jeung Kaso. 

Sakapeung mah sok rada ngahuleng mikiran rinyuh teh. Lain soal kayu 
beak digaregelan, tapi nempo hirupna. Unggal poe, beurang peuting 
cicing dina jero kayu. Teu udud, teu ngopi, teu lalajo tipi, tara 
ulin ka mol. Hayeuh we ngadaharan bubuk kayu.

Da rinyuh mah moal beuki kana sarupaning goreng hayam atawa sate mah,
komo kana pizza atawa hamburger mah. Salian ti eta, rinyuh mah dimana 
mendi, boh di didieu boh di luar negeri oge, dipikangewa pisan ku 
jelma. Uyuhan nya ? Aya nu hayang jadi rinyuh ?

Tapi ceunah, teuing ceuk saha. Aya oge jelma, malah mah loba, nu 
beuki oge ngadaharan kayu. Ngadahar semen, ngadahar aspal, ngadahar 
beton, ngadahar jembatan. Ceunaaaaah eta ge, ceuk beja.
Tah, tapi mun dina enyana aya jelma nu samodel kitu, nya sarua...uyuhan.

Tuluykeun deui ah..
Kuring muka kotak peralatan, ngotektak eusina. eusina puguh 
rupa-rupa. Ngaluarkeun palu, ragaji, kurah-koreh kana paku. Paku 
leutik, paku gede, nu karatan, nu barengkok oge dikumpulkeun. Geus 
kitu, kayu urut kaso nu rada weuteuh oge dipilihan. Nu remuk atawa 
kopong mah ditalian, tuluy diabuskeun kana karung. Ke, rek dipiceun 
atawa keur dudurukan.

Kayu tuluy diragajian, panjangna mah sakarep, da teu diukur-ukur acan.
Dikira-kira bae, bari uteuk mikir rek nyieun naon. Abong ge tukang 
ulin, ngaragaji ge teu lalempeng. Ah, bae.. nu penting mah,ngaragaji. 
Ari tukang kayu mah jiga nu ngareunaheun ngaragaji kayu teh. Ngan 
saukur ditandaan tungtung jeung tungtung ku potlot, gabres, tuluy 
lempeng bae. Jaba tereh deuih. Ari kuring, asa rundag-randeg 
ngaragaji kitu bae oge, sakapeung macet ragaji teh. Padahal, tanaga 
asana teh leuwih rosa tibatan tukang kayu mah.

Kayu nu geus meunang ngaragaji teh tuluy dijieun rarangka, tuluy
dipakuan. Beledag-beledag. Mun ninggang dina kayu-na nu rada hipu mah,
teu loba teuing elekesekeng. Tapi pas ninggang dina kayu-na nu 
rada teuas, maku teh asa teu abus-abus. Kalah ka bengkok. Reureuh 
sakeudeung. Pelenyun udud. Pagawean teh tuluy dituluykeun deui. 
dihanca, teu karasa, aya kana dua jam-na, akhirna mah rengse oge 
nyieun meja teh. Lain meja ketang, tapi leuwih pantesna mah 
dipan, da panjangna dua meter leuwih, tuluy lebarna aya sa-meter mah. 
Nyobaan didiukan, bari rada digual-geol. Atuh puguh we dipan teh milu 
ngageol.

Ku kuring, dipan tuluy dijungkirkeun deui. Diilengan deui sing teges, 
naon nu matak ruag-rieug teh. Sihoreng makuanana kurang loba. Jadi 
kudu ditarambahan deui bari dijodangan meh rada pengkuh. Paku geus 
ledis. Aya ge nu barengkok. Lumayan daripada euweuh. Paku barengkok 
teh dilelempeng, digendiran ku palu. Tuluy dipake nambahan makuan 
deui.

Kulantaran teu sabar, maku teh bari sataker kebek. Atuh tong boro 
abus, karek abus satengahna, paku teh bingkeng deui. Ari geus kitu, 
hese deui memenerna. Jalan hiji-hijina nyaeta kudu dicabut. Palu 
dibalikeun, tungtung paku dikaitkeun, tuluy palu didengkekkeun. 
Angger teu oyag-oyag acan. Bari rada ngaheujeun, palu didengkekkeun 
deui. Ari kitu teh, lain paku nu kacabut, Beletak teh kalah 
ka gagang palu-na anu potong. Euuuugh....

Bari dungdak dengdek, palu jeung gagangna tuluy ditapelkeun deui. 
Enya rakep deui. Tapi kumaha ngahijikeunana meh kuat ? Di lem ?
ditalian ? Nu paling asup akal mah jigana dipaku deui. Make paku
leutik, geus kitu ditambahan deui dibeulit ku kawat. 

Kawat aya, paku leutik aya. Tapi maku-na kumaha ? Atuh kudu aya palu ?
Geus puguh palu-na teh peunggas..
Alah aing mah..

"Jelas pisan, yeuh palu ! maneh teh teu bisa maku keur diri maneh 
 sorangan!" kuring nyarita ka palu. Palu cicing bae, teu nembalan.
"Matakna, maneh teh kudu loba gaul atuh jeung palu nu sejen, apanan   
 mun dina keur meunang kasusah jiga kieu teh, angger butuh pitulung  
 ti palu sejen. Kitu pan ?", ceuk kuring deui bari merong kana palu. 

Palu cicing wae.

"Barina oge, apanan palu teh salian keur maku, oge keur nyabut paku. 
Tapi naha bet kalah ka potong gagangna atuh ? Cik atuh, gagang teh 
kudu nu hade. Apanan dipake ngadengkek ?" Ceuk kuring deui bari 
merong.

Pagawean can anggeus, dipan can beres. Emh, kumaha mun geus kieu ?
Maenya paku teh rek didedetkeun ku ramo ? 
Jaba elmu ngadedetkeun paku ku ramo mah can kungsi diajar. 
Apal soteh ngadedetkeun nu sejen. Dudat-Dedet tea atuh resep. 
heueuh ?

Ku kajadian model kieu, asa kaingetan.

Kuring boga tukang cukur langganan. Nyukurna rapih, najan kuring 
teu loba pamenta model itu inih, tapi manehna jiga nu apal kana 
selera kuring. Nyukur teh pantes we, saluyu jeung kahayang. 
Langgananana teh loba, sabab kitu, sakapeung mah nyukur bae ge meni 
antri. Hiji waktu, basa dicukur kuring nanya ka manehna.
"Kang, geus lila jadi tukang cukur ?"
"Lumayan 'A, aya kana sapuluh taun mah"
"Jigana lumayan oge hasilna nya ?"
"Alhamdulillah 'A..."
"Paingan betah jadi tukang cukur.."
"Nya, ari hoyongna mah jadi pagawe, tapi da kumaha, hararese. 
 Jaba kabisana ngan nyukur wungkul."
"Nya, keun bae atuh Kang. Nu penting mah genah ngajalananana"
"Muhun.."
"Kuring rek nanya yeuh Kang.."
"Mangga.."
"Ari Akang, pan geus biasa nyukur sirah mah.."
"Muhun.."
"Apanan kabeh nu dicukur ku Akang teh, sirah batur.."
"Muhun.."
"Ari sirah akang sok dicukur ku sorangan ?"
"Ah, nya henteu. Paling ge ku batur.."
"Ku tukang cukur deui ?"
"Nya muhun..."

Enya heueuh, maenya ku tukang tambal ban mah. Tapi na jero hate 
nyarita kitu teh. Tah, jadi ...sapinter-pinterna tukang cukur, angger 
teu bisa nyukur sirahna sorangan. Paling oge bisana ngadugulan, 
dimodel-model mah, moal bisaeun. Nu mindeng dicukur ku sorangan mah 
paling oge, nyukur kumis, nyukur jenggot, nyukur bulu kelek atawa 
ngamodelkeun bulu irung. Ari soal nyukur sirah mah, angger we, najan
tukang cukur ge dicukurna mah menta dipangnyukurkeun ku tukang cukur 
sejenna. 

Tuluy kumaha mun euweuh deui tukang cukur, ngan manehna wungkul 
hiji-hijina tukang cukur? Tangtuna oge buukna bakalan gondrong. 
Nya ?

Aya deui. Tukang urut. Sapoe aya lima-genep kalina ngurut jelma nu 
nyareri awak. Enya ngurut jelma, da can kungsi kacaritakeun aya domba 
atawa munding diurut. Barina oge, asa euweuh jelma nu boga ka-ahlian 
ngurut sato mah. 

Apanan geuning loba dukun urut patah tulang, plang-na loba ngajeblag 
disisi jalan. Kabeh ge disisi jalan masang plangna teh. Sabab mun 
ditengah jalan mah bisi ngahalangan nu ngaliwat. Tah, kungsi kitu aya 
munding nu pateuh sukuna, tuluy dibawa kadinya ? Euweuh pan ?

Tah, balik deui kana tukang urut. Mun dina hiji mangsa, eta tukang 
urutna lungse atawa nyareri awak, asa pamohalan bisa ngurut awakna 
sorangan. Paling ge bisana ngan nguliat atawa babatek. Pastina oge 
dipangurutkeun ku batur. Jeung pasti kanu bisa ngurut deui, da moal 
enya ngurut ka ojeg mah. 

Intina, urang sakabeh butuh batur nu sejen-na. 
Hayang dahar, teu kudu melak pare heula. Batur apanan nu marelakna 
mah. Hayang udud, batur nu melak bakona, batur nu nyarieun rokona, 
batur oge nu daragangna. Hayang indit-inditan, batur nu nyupiran 
angkotna.  Hayang nyieun imah, batur nu nyieun bata-na, batur nu 
nyarieun semen-na, batur nu ngagali pasirna. Batur oge nu nyieun 
pondasi jeung sagala rupana.

Timimiti tigubragna kuring ka alam dunya, teu weleh meunang pitulung 
ti batur. Kuring sakola, diajaranana ku batur. Kuring digawe, nu 
ngagajihna batur. Kuring sare na kasur empuk meunang nyieun batur, 
rap dangdan make pakean hade meunang nyieun batur. Nepi ka kuring 
maot, pastina nu ngubur kuring ge batur.

heueuh ?

Ari batur loba pisan migawe keur kuring, batur anu sakitu hadena ka 
kuring. Cik ari kuring.. geus boga kahadean naon ka batur ? Cik..
Naooon ?

Kuring ngan bisa ngabetem. Neuteup palu nu sarua keur cicing.
Pateuteup-teuteup, tuluy pacicing-cicing.




-Jay-


Kirim email ke