Ustadz Heryawan, PUI, jeung Jaipongan Aya nu kurang merenah dina pangcaprukan kuring kamari, “Sumbangan Islam? Peradaban Sunda?”. Dina pada panungtungan kuring nyebutkeun, “Naha bener Islam anti kabudayaan? Jste. Boa-boa, nu anti teh Gubernur bae. Lain agamana”. Kuduna mah, “Naha bener Islam anti kabudayaan? Jste. Boa-boa, nu anti teh Gubernur bae. Lain agamana. Eta ge anti teh kana 3G-na, lain kana jaipongannana. Komo kana kasenian atawa kana kabudayaannana mah. Asa piraku…”. Rumasa, kamari teh kurang tarapti. Kabengbat ku udud jeung malesan SMS. Jadi weh kapopohokeun. Inget-inget geus dialungkeun. (Heueuh, tina kituna mah kaharti kunaon MUI ngaharamkeun udud teh. Lain bae ngarusak kajagjagan jeung karaharjaan awak sorangan jeung batur. Dalah, kadar ngacapruk ge matak ngaganggu. Matak ebat. Hanjakal, aranjeunna teu ngaharamkeun SMS. Sabab, alatan SMS oge pangacaprukan kuring jadi teu tarapti). Kukituna, sugan bae pangacaprukan ieu lain bae bisa ngacapruk leuwih merenah jeung ilmiah, bari tumaninah jeung mutma’inah. Tapi, oge bisa ngomean kakurangan di luhur. Sanajan, teu nyambung pisan: Ngeunaan PUI (Persatuan Ummat Islam), Ustadz Heryawan, jeung Jaipongan. Ngeunaan Ustadz Heryawan, tangtu bae, sanajan nyaho, kuring jajauheun tina wawuh sacara pribadi. Komo wanoh mah. Ngan, kabeneran, kiai, eh Ustadz, nu biasa mere pangajian fikih di masigit gigireun imah teh Pupuhu Divisi Da’wah jeung Tarbiyah PUI. Demi pupuhu PUI taya lian ti Ustadz Heryawan, nu jeneng Gubernur Jawa Barat kiwari. Hartina, kuring remen ngawawaas pribadi Ustadz Heryawan ti guru fikih tadi. Nu, tangtuna, hasilna ngacapruk tulen. Eunggeus mah kadar ngawawaas, bari ieu noongna ti jalma lian pisan. Pon, sanajan diembohan ku kungsi ngareungeukan sawatara biantara anjeunna dina sawatara kasempetan -- basa Ustadz Heryawan masih manggung di DPRD DKI. Tapi, nyaeta nu jadi modal kuring dina noong ketak Ustadz Heryawan dina ngalaksanakeun amanahna. Kaasup dina kasus jaipongan. Keur kuring, Ustadz Heryawan plek bleg jeung PUI – nu repersentasina ustadz kuring tea. Ari guru ngaji kuring, sailaharna kiai, hususna ahli fikih, mertelakeun jeung nuduhkeun bag-bagan agama teh teges kacida. Ieu teh kudu kitu, ieu hadistna, eta ayatna. Pon kitu deui dina nyontokeun atawa ngomentaran kajadian-kajadian nu nyampak dina kahirupan sapopoe. Ti mimiti perkara JIL, RUU Antipornografi, Syareat Islam, pendidikan Basa Arab, jsjte. Mana nu meunang, mana nu heunteu ku anjeunna mah jentre kabeh. Puguh dalil jeung rujukannana. Bari, kabeh soheh! Sanajan, tangtu bae, salaku manusa boloho bari sok nyanyahoanan, kuring remen teu ngarti atawa teu sapagodos pisan jeung kasauran anjeunna. Tapi, hal eta arang dikedalkeun. Ka teuteuari. Ceuk Kang Iip mah, “Hayoh, ngadon dibaledogan batur”. Ongkoh, sok ngupahan maneh, rumasa eleh elmu jeung otoritas. Pan niat kuring ngilu ngaji teh, rek diajar? Lain rek ngadu elmu – nu tangtuna jauh mela-melu, teu saimbang. Aranjeunna mah wedalan pasantren, PTAI, IAIN, atawa ANU pisan. Kuring? Ukur boga kontol, beungeut kasep, jeung uteuk nu remen ngacapruk. (Eta ge, ceuk kiai, sabenerna, lain kuring nu boga. Kadar katitipan). Husus ngeunaan PUI, sakanyaho kuring, ieu organisasi miboga program Pedoman-pedoman Amaliah nu disebut Ishlahuts Tsamaniyah (Dalapan Perkara Ngomean Umat) – nu oge remen dipondokkeun jadi Ishlah-8. (Omat, ulah dipabaliutkeun jeung sarupaning G-7, G-8, IR-5, N-11, atawa AK-27. Komo jeung 3G boga Indosat mah). Dalapan perkara eta ngawengku: Ishlahul Aqidah, Ishlahul Ibadah, Islahul Tarbiyah, Islahul A’ilah, Ishlahul ‘Adah, Islahul Ummah, Ishlahul Iqtishodiah, jeung Ishlahul Muj’tama. Naon harti jeung maksud masing-masing perkara eta? Kuring teu nyaho persis. Dalah kadar ngararampa ge. (Pan, kuring mah teu bisa Basa Arab? Ongkoh catetannana aya dina hardisk nu itu, konektorna keur rusak). Ngan, mun nempo perkara ngomean-ngomean tadi, nya teu jauh ti dinya sigana mah. Ngomean akidah, ngomean prak-prakan ibadah, ngomean kualitas pendidikan, ngomean silturahmi (networking) jeung ngomean… teuing nu ‘adah, iqtishodiah, atawa muj’tama mah. Poho deui. Nu pasti mah udagannana hade. Kaasup dina widang ngaronjatkeun paekonomian umat. Maman Gantra Jalan Salemba Tengah 51, Jakarta 10440. 0812-940-5441