Sangu Haseum Parab Lele

Sigana anu kaalaman ku kuring, bisa jadi oge kaalaman ku baraya sejen. 
Kuring jeung pamajikan, duanana papada digawe. indit isuk balik sore. 
Malah kuring mah nepi ka imah teh jam satengah salapan peuting.

Urusan dahar, ayeuna mah 'makan diluar' sabab pamajikan keur nyiram. 
Manehna teu sanggup masak cenah. Sabab boro-boro masak, dalah karek 
ngambeu haseup sangu oge geus u o rek utah.
Ngarana ge nu nyiram. he..he..he...

Tah balik deui kana urusan dahar. Sanajan sanguna masak make mejik jer, 
sering kajadian, eta sangu teh nyesa. Misalna masak sangu peuting. 
Didahar peuting, tapi teu beak. Aya keneh sesa sapiringeun deui mah. 
Deungeunna oge sering nyesa. Sakudunamah isukna isuk-isuk eta kadaharan 
teh kudu didahar. Tapi nya kitu, sabab papada karyawan anu katalian ku 
jam kerja, seseringna mah eta sangu sapiring jeung buntut ikan cue teh 
kapiceun teu kadahar.

lebar nya.
sapoe sapiring, sabulan...?, sataun.....?

Imah kontrakan kuring aya di wewengkon komplek perumahan. Ceuk taksiran 
kuring, sangu sesa kapiceun teh geus jadi hal anu lumrah di perumahan 
eta. Sabab rata-rata anu nyicingan imahna pagawe.

lebar nya.
sa imah sapiring, sa RT....?, sakomplek....? sakecamatan....? 
saendonesia....?

kuring geus lumayan lila boga ideu anu siga kieu:
- kumaha lamun eta sampah rumah tangga anu mangrupa makanan sisa teh 
dikelola jadi pakan ternak. Hayam jeung lele, dsb.
- urang nyieun peternakan hayam kampung jeung lele.
- keur pakanna urang teu kudu pusing, cukup nguriling ka komplek-komplek 
mengumpulkan makanan sesa ti unggal imah.

tapi ide karek nepi ka ide, can bisa kalaksanakeun. nya kitu sabab 
kuring katalian ku jam kerja. he..he..he..

Tujuan kuring ngalungkeun ieu ide ka baraya, sugan we mangpaat. Jadi 
solusi pikeun UKM peternakan sakaligus jadi salah sahiji solusi 
penanganan sampah rumah tangga.

ceuk paribasa, sekali pukul dua tiga lalat terlampaui.
he..he..he..

-- 
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!


Kirim email ke