Paguneman Mang Utas

Kusen Anyar

Ku Kebo Hideung  Griya
Mitra Batik Tasikmalaya

 

Ari basa kamari saurna
Mang Utas tos ti babakan Kusnet? usum naon mang diditu?

Sarua we Lo..keur usum ngijih, ngan teu ari kabanjiran mah,
geus alus jigana solokana.

Piraku we atuh Mang, kapanan geus digolontorkeun dana keur
ngahadean drainaseu, jadi cai leuncang oge jadi ngagolontor moal matak banjir
dijalan.

 

Pendak teu Mang sareng kang Ndoel, eta geuning tukang
ngorong tea?

Enya panggih..malahan pas datang teh kasampak keur ngorong…da
eta mah Lo..ngorong teh sampe muruluk atuh kang Ndoel mah.

Uluh…moal enya Mang? Geuleuh atuh nya ngorong sampe muruluk
kitu?

Husss…korong  Kang
Ndoel mah puguhan tegep, malahan disuguhkeun ka Amang.

Terus dituangnya ku Amang? 

Nya enya atuh Lo teu diengkekeun deui, da langsung dirawu ku
Amang, tah malahan mawa sesana oleh-oleh keur Alo.

 

Ih…eta mah atuh rinyuh Mang sanes korong..!

Kapanan korong Kang Ndoel teh geus robah jadi rinyuh.

Halah Amang mah, sajauh-jauh mawa hama, kade ah Mang bisi ngagorogotan kusen,
cikan kadieu urang paehan bisi anakan nyebar diurang, bisa-bisa raruntuh imah
sa RW gara-gara didahar sakadang rinyuh.

 

Aeh ari Alo kapanan rinyuh oge boga hak hirup, malahan
rinyuh teh salahsahiji makhluk anu diciptakeun ku Gusti Allah keur ngagorogotan
kai jeungsajabana kaasup kusen imah Alo. Malahan syareatna teu saeutik jalma
anu direjekian ku Allah alatan rinyuh.

 

Ah..Amang mah sok kamana karep, cikan naon contona?

Contona loba Lo…salahsahijina imah Alo kusena digorogotan ku
rinyuh pan jadi ruksak, tuluy kudu diganti da bisi runtuh, meureunan Alo teh
bakal meuli kusen anyar nya?

 

Nya muhun mang…

Tah…kapanan alatan sakadang rinyuh tukang kusen kabagean
rejeki tina hasil ngajual kusen. Kaduana biasana ari tukang kusen mah, kai keur
bahan kusen teh meunang meuli deui ti tukang kai, jadi tukang kai oge kabagean
rejeki alatan rinyuh..heueuh..?!

 

Muhun nya Mang…jaba kuring mah teu bisa ari kudu masangkeun
kusen mah, jadi kuring kudu muruhan deui batur keur masangkeun kusen.

 

Tah didieu Kakuasaan Allah teh Lo… teu sambarang nyiptakeun
makhluk lamun teu aya mangfaatna keur manusa khususna.

 

Ke.ke.ke..Mang kuring jadi lieur….ari kuring anu boga imah,
kabagean naon ti sakadang rinyuh?

Har…..ari Alo…kapanan Alo mah kabagean kusen anyar..!

 

Kebo Hideung #Tasikmalaya 19 Februari 2009

http://genibara.multiply.com 


      Get your preferred Email name!
Now you can @ymail.com and @rocketmail.com
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/sg/

Kirim email ke