Maneh mah karek lamun..
lamun boga duit leuwih rek nulungan dulur
dewek mah geus praktek teu ngalamun deui, unggal bulan aya jatah na 
masing-masing
Komo kang Dik2 mah, manehna boga yayasan yatim piatu anu dibiayaan kumanehna 
sadulur-dulur
arek nulungan jalma miskin mah teu kudu ngagoblog-goblog batur.. der weh 
tulungan.


  ----- Original Message ----- 
  From: Irpan rispandi 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: 20 February, 2009 3:47 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: di luar negri mobil anyar teu payu !


  naha ngan saurang duaan anu mairan teh?
  anu sejena mana nya, anu boga mobil jeung anu rek meuli mobil
  kadieu, maju siah.

  kuring disebut boga paham komunis? anjir ... 
  padahal kuring mah nepikeun ucapan pa ustad anu nyaritakeun hiji hadist, anu 
eusina kurang leuwih nyebutkeun yen papada muslim teh siga  satu tubuh., hiji 
nyeri nu sejen nyeri.
  lamun kitu mah Rosululloh teh komunis atuh he..he..he...
  kade ah bisi tikosewad.

  lamun boga duit gede teh lain  dibikeun ka nu miskin, sabab eta mah teu 
ngadidik. tapi kokolakeun sangkan mangpaat. naha berupa pinjaman tanpa bunga 
dsb.

  lamun kuring boga duit gede, nu kahiji nutupan heula kabutuhan kulawarga, 
sandang, pangan papan anu wajar teu kaleuleuwihi. tah lamun masih nyesa keneh 
tingali kulawarga anu deukeut, adi, lanceuk, sepupu, paman, bibi, dulur sejena, 
saha anu tulunganeun.

  lamun kulawarga jeung dulur-dulur geus hirup layak, tingali tatangga, 
tatangga sa RT, sa RW, sa Desa, saha anu tulunganeun.
  jeung saterusna.

  coba lamun sakabeh jalma bisa kieu, ceuk rarasaan kuring mah moal kieu-kieu 
teuing kaayaan bangsa urang teh.

  dicksvf wrote: 

    can nyambung big picture jeung katerangan nu handap.
    masalahna uing ge ngiridit yeuh, tilu tauneun, ngan lain portuner mobilna.

    sok tambahan deui lah, ngarah kaharti
    eta mah acan satai-kukueun acan atuh penjelasana teh, teu nyambung
    pisan jeung pernyataan: " Goblog, tolol, bego, teu boga cedo, teu boga
    uteuk, tangkurak, tulang anjing, dinosaurus, brontosaurus, hileud
    peuteuy, cacing kalung, lentah darat !!!
    (keur ambek ka urang indonesia anu meuli mobil he..he..he...)

    ayeuna uing rek nanya: mun kang irfan boga duit 10 juta, rek dibikeun
    kabeh moal tah duit teh ka si miskin nu keur menjerit tercekik harga
    beras jeung minyak??
    terus, mun boga duit Rp.163,485,500,- (panjer portuner), kira2, rek
    dibikeun ngamodalan batur moal tah duit eta teh kabeh? 

    sok tingali heula ka diri sorangan, imah make keramik teu? naha make
    keramik? da make tehel/pelur biasa ge bisa?
    imah make kenteng atawa hateup? naha make kenteng? da pan kuk hateup
    ge bisa?
    tah duit jang keramik jeung kenteng pan bisa dibikeun ka si miskin tadi?

    ulah asa aing leuwih merhatikeun nu miskin, tapi geus bisa naon tah ka
    si miskin teh? geus bisa mere dahar unggal waktu? geus bisa mere pagawean?

    kapikiran teu, mun tukang cendol jeung tukang bajigur dimodalan ku
    duit Rp.163,485,500,- (panjer portuner), terus maranehna meuli roda
    tambahan jang jualan, kira2 saha tah nu rek meuli bajigur jeung cendol
    nu mungkin salembur pinuh ku tukang bajigur jeung cendol??
    dijamin sapoe ge bangkrut.

    yeuh, lamun ningali prinsip "persaudaraan seakan satu tubuh" anu
    dianut ku kang irfan, uing mah asa ningali ka prinsip komunis da, kudu
    kabeh sarua sangsara, kabeeh sarua bagja (padahal ngan hiji bagja mah,
    anak kang kumi...)

    naon deui nya? cape ah, engke weh urang tambahan, ngarah rame :-))

    --- In urangsunda@yahoogroups.com, Irpan rispandi <janaka....@...> wrote:
    >
    > Ehmm...
    > sabar sodara-sodara, tenang, tenang ....
    > (bari ngagilirkeun perah bedog he...he..he..)
    > 
    > kuring ningalina "the Big Picture".
    > kuring ningalina keseluruhan kondisi ekonomi di Indonesia.
    > termasuk interaksi semua komponen ekonomi dan aliran sumberdaya dan
    uang.
    > (gayanya meyakinkan teu? he..he..he..)
    > 
    > kuring rek mere conto efek domino tina pembelian satu unit mobil :
    > Si Borokok meuli mobi Toyota Fortuner anu hargana Rp. 433,700,000. 
    > (sumber www.oto.co.id) kumanehna eta mobil dicicil 3 taun. berarti 
    > salila e taun, manehna katalian hutang anu lamun dijumlah jamleh pasti 
    > leuwih ti 0,5 Miliar.
    > dua bulan ti harita, perusahaan tempat si Borokokok gawe collaps, 
    > manehna keuna ku PHK. atuh manehna teu bisa mayar cicilan mobil 
    > fortuner Rp. 12,404,800,- / bulan.
    > salian ti eta, duit panjer mobil anu Rp. 163,485,500,- ngalayang.
    > 
    > padahalmah duit sakitu gedena teh lamun dipake ngamodalan tukang cendol 
    > jeung tukang bajigur, sabarah rodaeun bakal kamodalan.
    > 
    > dasar si borokokok teu boga cedo.
    > 
    > eta tina segi materil.
    > 
    > lamun tina segi moril, beuh jelas-jelas ieu mah menyakiti hati rakyat 
    > miskin.
    > sementara si miskin menjerit tercekik harga beras jeung minyak, si 
    > Borokokok enak-enakan numpak pingping bondon, eh tumpak Fortuner.
    > 
    > dasar si Borokokok goblog.
    > 
    > eta tina segi moril
    > 
    > lamun tina segi spirituil, beuh dimana hati nurani? dimana kepekaan 
    > sosial? dimana "persaudaraan seakan satu tubuh" ? dimana ???
    > 
    > dasar si borokokok ......
    > 
    > 
    > Kamal Idris wrote:
    > >
    > > Irpan... rarasaan dewek meuli mobil lain menang ngajual imah maneh
    > > atawa nipu batur atawa korupsi, da lain pejabat dewek mah.
    > > cik atuh samemeh posting di pikir heula atuh ari rumasa boga uteuk
    mah.
    > > urang kusnet oge loba anu anyar meuli mobil atawa anyar ganti mobil
    > > emang na maranehna garoblog kabeh kitu...?
    > > 
    > > anon dasarna maneh nyebut kieu .
    > > 
    > > " Goblog, tolol, bego, teu boga cedo, teu boga uteuk, tangkurak,
    tulang
    > > anjing, dinosaurus, brontosaurus, hileud peuteuy, cacing kalung,
    lentah
    > > darat !!!
    > > (keur ambek ka urang indonesia anu meuli mobil he..he..he...)
    > > arek ngajak diskusi mah lain kieu carana euy...
    > > 






-- 
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!
  

Reply via email to