Nuhun Mang J.
Naskah Warugan Lemah teh kakara dikorehan di PNRI. Tarjamahanana can aya, keur 
dikeureuyeuh ku kuring.. Kamari teh Kang Mumu (Munawar Holil) ti UI nganjang ka 
PNRI.. pajar ceunah hyong maos bukuna Mang J ngeunaan arsitektur kitu.. tiasa 
maos dimana cenah kinten-kintenna..nuhun.

Baktos,
Adit


--- On Fri, 2/20/09, mj <ja...@itenas.ac.id> wrote:

From: mj <ja...@itenas.ac.id>
Subject: Re: [Urang Sunda] dianjangan baraya ti baduy
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Friday, February 20, 2009, 8:36 AM











    
            

bieu si kuring nelpon ka hpna bapa samin (bapana samin, ari ngarana mah

acin, urang cikadu) keur ngideur di sukajadi. isuk jangjian hareupeun

unpad dipati ukur, manehna rek jualan di acara mieling poe basa indung.



jawabna: disunatan! haha



ari soal sistem pangaweruh urang kanekes nyieun imah mah, puguh si kuring

ge keur kakaratak neangan. heuheu.  ari buku hasil panalungtikan nu

ngaharib kadinya,  geus aya nu dibukukeun, ku urang antropologi UI, R

Cecep Eka Permana, Tata Ruang Baduy, ti tesis di UI. aya deui tesis di

Fsrd ITB, poho deui judulna. aya bag-bagan imah jeung model kampung baduy

jsb. oge saliwat aya dina buku jakob sumardjo, hermeunetika sunda, tafsir

pantun sunda, estetika paradoks,  kitu.



naskah Warugan Lemah (kropak 622) tos aya terjemahananana?



tina carita pa samin pa pulung oge tina literatur, katangtuan dasar mah,

1. lahan piimaheun di baduy jero, teu meunang diratakeun, rata2 ukuran

imah 6x7m

2. lahan di baduy luar mah kaci diratakeun

3. nyieun imah ulah matak batur/tatangga sirik

4. istilah imah teh sabenerna inti wangunan. nu aya parako/hawu.

5. papagon sejen mah sigana make cara tradisi lisan, da cenah di baduy

ngan aya dua rupa tulisan, sastra jeung naon hiji deui, poho euy. sastra

mangrupa coretan tulisan dina awi asana, eusina soal waktu tatanen, hiji

deui sarupaning paririmbon.



dina buku saleh danasasmita & anis djatisunda, kehidupan masyarakat kanekes,

justru nu dipilampah urang baduy teh cenah luyu jeung naskah sang hyang

siksakandang karesian. cara tapa di mandala, tapa di nagara, jsb. malah

dahar tamba lapar, dibaju tamba taranjang, sare tamba tunduh, dina SSKK

aya, eta teh oge minangka ideologi hirup baduy.



mj



http://geocities. com/mangjamal

http://mangjamal. multiply. com



Adeuh, kaleresan ngabahas urang Baduy nya? Sim kuring teh gaduh

kapanasaran sapertos kang kumi nu panasaran naha urang Baduy disunatan?

Mesen pananya oge ah,

1. Naha di Baduy aya sumber tulisan asli urang kanekes nu dijieun papagon?

2. Kumaha sistim pangaweruh nyieun imah atawa ngababakan nu aya di

Kanekes? Sabab kuring keur maca naskah Warugan Lemah (Naskah Sunda Kode

Kropak 622).. Kieu saliwatan mah teksna teh (pangapunten can tiasa

diasongkeun sadaya, da can tutas ongkoh):



Ini

warugan lemah. Inge(t)keun di halana, di hayuna. Na pidayeuhheun, na

pirembulleun, na piuballeun.



Lamunna

bahé ka ké(n)ca ngarana Talaga Hasa, asih wong sajagat. Panyudana

pacar pimula di pahoman.



Lamun

bahé ka tukang[ng]eun lemah, ngaran(n)a Banyu Metu. Hamo jadiyan

kanénéh. Panyudana papatong di sakay, tanem di tengah dalem. Ajina:

&#8220;Ong debi ma Aji Batara Mriwasa sohah!&#8220;

Nuhun ah pami aya nu mere bongbolongan mah, komo kaleresan aya kang ahmad

jeung Mang J mah. Nuhun



Baktos,

Adit




 

      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Reply via email to