Sok ceunah ceuk beja, media massa seperti TV jeung koran-koran teh mangrupakeun
cabang ka 4 tina trias politica, judiktif, eksekutip jeung legistalip.
Di Bandung jeung daerah-daerah sakurilingna dina mangsa ayeuna aya kana 19
staksion
telepisi. Bandingkeun jeung jaman baheula, jaman Orba. Ngan hiji-hijina
staksion nyaeta
Tipi RI. Komunikasi (politik), lain leuwih gampang ku ayana loba staksion
telepisi teh, malihan leuwih susah.
Umpamana aya pengumuman penting ngeunaan masalah kanagaraan, "pidato
nagara", baheulamah kajadianana lamun presiden pidato, cukup ku hiji
staksion telepisi TVRI, suka teu suka rakyat kabeh neuleu eta siaran.
Ari ayeuna lamun presiden pidato, eleh ku siaran sinetron, eleh ku
iklan nu lewat.
Aya untung jeung rugina loba staksion telepisi teh, umpamana piken
'production house" mah ieu teh jaman panen ngala duit, teu siriknamah
banjir order. Babaturan uing beunghar na kacida pisan, da paling
saeutik sataun teh bisa nyieun sinetron sababaraha ratus episode.
Artis-artis sinetron leuwih beken tibatan mentri-mentri, jeung
pajabat-pajabat lainna, hirupna naranjung ku sabab loba pisan 'income'
na ti jalan jadi artis.
Nu diuntungkeun deui, nya seni musik khususna band, teu siriknamah
unggal bulan nonghol artis pendatang anyar. Musik boh dangdut jeung
rock geus jadi tuan di nagara sorangan.
Partai politik hese pisan manehanana rek nyebarluaskeun visi, misi
jeung programna lamun duitna saeutik, atuda lamun rek muncul di tivi,
maenya kudu mayar kabeh ka staksion telepisi nu aya di ieu nagara
(he..he.he, di bandung wae aya 19 siki), mangkaning itungan mayarna
teh per detik sabaraha juta rupiah tah.
Aya oge taktik artis lamun hayang beken gancang, nyieun we kasus, boh
nalanjangan maneh di internet, boh ku jalan kawin cerai, atawa boga
kabogoh anyar... ku loba-lobana
staksion telepisi, anu haus ku bahan gosip, dina palebah dieu siga aya
"mutualisme simbiosis", kerjasama saling nguntungkeun. Si artis jadi
tampil kharatis da digosipkeun,
si staksion telepisi boga bahan keur acara ngagosip. Da kitu atuh
rakyat mah geuning leuwih resep ningalian acara nu karatitu tibatan
pidato presiden umpamana ha..ha..ha...
euleuh ...waktosna parantos seep, ngke disambung deui
Baktos
mz