Dasar Jodo
Ceuk kolot jodo mah jorok, meunangna kadang teu disangka sangka tampolana 
neangan palebah saritem eh meunang jodo di kalijodo. Kitu deui aktip di kusnet 
eh kalahka meunang jodo dimilis sejen atawa kalahka meunangkeun anak ibu kost. 
Tapi teu  kituna aya oge nu aktip di kusnet meunang jodona ge dikusnet oge, 
contona geus galituk, teu kudu disebutkeun deui da geus papada apal, boa dewi 
persik jeung adli taher ge ngajodona gara gara ngilu milis ieu (gosip mode on).

Ceuk kolot deui, neangan pijodoeun teh gumantung kana karesepna, mun hayang 
meunang jodo nu pinter balanja kudu neangan jodo dipasar, mun hayang meunang 
jodo pinter tatanen kudu neangan disawah. Nya kacaritakeun aya hiji jalma nu 
hayang pisan meunang jodo kanu pinter tatanen, sakali mangsa manehna ngider ka 
unggal sawah, sugan enya nu make kabaya jeung ditiung dudukuy nyuncung ditengah 
tengah sawah nu keur sumedeng koneng teh wanoja anu keur dibuat, ari pek teh 
ngan ukur bebegig.

Tah mun dikusnet aya nu meunang jodo aya alusna, kahiji meureun pastina sahobi, 
hobi mimilisan atuh kadua sakaresep, resep jajaprian, cecetingan, 
blog-blogan,face-fece bookan jrrd. Heueuh apan nini jeung aki uing ge sasatna 
meunang jodona teh gara gara resep iinternetan. "Dunya maya menyatukan kita 
berdua, Nini!" ceuk siaki dina lahunan sinini. "Waduk siah, kami mah geus teu 
nginget nginget deui!" tembal sinini, sisigna ampir ampiran ngagurawil."Hari 
hari kita indah Nini, bahkan mimpi mimpi kita selalu dimulai dengan www.....!" 
Siaki neruskeun ngocoblakna. "Cuaaah dasar internetmaniak!" sisigna ayeuna mah 
bener bener ngagurawil, gap dicokot, sep diselapkeun kana sela sela kutangna. 
"Hatiku hanya untukmu Nini,seandainya ada yang lain akan segera aki delete dan 
akan kubuang ke recycle bin!" Rayuan gombalna norojol deui."Waduk siah ruya 
rayu kakami pasti aya kahayangna!" nembalna satengah muncereng. "Betul 
nini,sudah tahu kan maksudku?"siaki kalahka beuki euwah "Dasar belekok, mun nek 
aksi teh shut down heula atuh lampuna!" dikitukeun siaki ngarengkog, leungeuna 
rikat ngarawel saklar lampu jetrek dipareuman. "Sudah nini, sudah siap 
segalanyah!"siaki bangun nu teu sabar. "Nurustunjung siah hayang dikerok bari 
dilahun, ngadapang siah aki!" pokna bari sedot sedot ngerokeun benggol ka 
tonggong siaki. Panon siaki burial buncelik nahan ka nyeri, lantaran dikerok 
dina poek tea keunana sabulang bentor.  
[ kanu bade jatukrami, wilujeng, mugia dina waktosna sing lungsur langsar, 
amin!]

Kirim email ke