Iang Domba
Wanci janari leutik Ardasim geus kencling indit ti lemburna ciromed, maksudna 
nek iang domba ka pasar ciroyom. Domba nu nek diiangkeun teh aya sapuluh , jalu 
lima danten lima, nu danten kapaksa dijual da geus sababaraha kali dipacekeun 
teu reuneuh wae bajir sigana mah atawa boa ngilu program kabe. Ngahaja teu 
nyewa mobil, meh muklis cenah untungna.

Domba nu sapuluh, kabeh ditalian beuheungna terus dicangreudkeun kana cangkeng 
ardasim. Mimiti mah domba teh marugen mumul indit, aya nu murelek wae heuay, 
aya nu gigisik panon, aya nu ngalindur, jero hatena mah meureun keuheul keur 
ngeunah ngeunah sare tibra digugubrag titah lunta. Durudud talina dikenyang, 
daek teu daek domba nuturkeun lengkah ardasim.

Sapanjang jalan sakapeung kapeungeun ngan ukur dicaangan ku lampu kandaraan anu 
lalar liwat, untung pas pengkolan cikuda panggih jeung nu nek iang awi 
leunjeuran anu tuntung leunjeuranana dicaangan ku obor mani ngagebur, teuing 
nek diiangkeun kamana. Kaayaan lebah dinya jalanna mudun tur pungkal pengkol, 
nu tadina domba nuturkeun titukang jadi tibalik  ngabret tiheula hayang paheula 
heula, daek teu daek ardasim ka sered.

Nepi ka jatinangor, ardasim ngahegak nahan kacape, tikorona garing hayangeun 
diguyur bajigur instan made in emana sibagja,ngan hanjakal tokona tutup keneh, 
maenya ari kudu digugubrag mah, kuriak dibentur salakina,sikumi. Diparapatan 
cileunyi domba teh kalahka mengkol ka kenca, reg areureun, terus ngagaremos 
nyaratu jukut anu ngemploh hejo jaradi didinya, aya hiji nu teu ngilu gagares 
teh,nu bikang, gawena ngan pepelengkingan kawas nahan pikiiheun. Ningali kitu 
ardasim surti pok ngomong. "Nek kiih mah cer cer we atuh, teu kudu ka toilet 
sagala!" Katingali dilebah dinya aya toilet umum, ngan tutup keneh kawantu 
peuting keneh. Dikitukeun domba ngabelehem, terus nyalingker kanu buni cer kiih.

Anjog ka hareupeun pintu tol cileunyi, domba dibariskeun titah nyebrang, aneh 
najan didinya aya tempat penyebrangan anu ditandaaan ku zebra cross sarta 
kandaraan nu lalar liwat ge keur suwung tapi domba tetep mugen mumul nyebrang. 
Ardasim pok nanya ku basa domba, lamun dibasa manusakeun mah kieu "Gancang 
nyarebrang, Njing!" dijawab ku domba meh bareng "Dewek domba Euy, lain anjing 
deuleu! jeung belegug deuih piraku nyebrang di zebra cross, pan paragi dewek 
domba cross!" bari nek ngagadil ardasim. "Mantangul ka dunungan siah!" ardasim 
kekerot bari ngenyang tambang satakerna, bring domba ngabret nyarebrang. 
Disebrangeun jalan, disampakeun  gorowokna para calo nawarkeun jasa, bleg we 
terminal bayangan. "Uki..uki...joss tol! Sabelas jok deui langsung berangkat 
yeuh!" Kawas nu meunang ngitung we, da mun diitung, ardasim jeung dombana teh 
pas pisan aya sabelas hulu. "Moal, kuring mah nek ka ciroyom!" jawabna bari 
leos indit. 

Sabenerna teu kudu nyebrang kadinya, motong jalan ge bisa ari jeung ngaliwat 
domba mah, ngan ardasim mah taat aturan jadi muter dihareupeun pintu tol terus 
balik arah deui, heuleut lima puluh meter tidinya ngagilek ngenca, mapay jalan 
cileunyi heubeul. to be continued........part#2

Reply via email to