*Kamus Poé** **Ieu [3]*

* *

*1.      **budal                     = *kaluar babarengan ti tempat ngumpul
(jelema loba), kaluar kabéh (eusi hate)



*2.      **mudal                    = *kaluar tina wadah lantaran pinuh
teuing.**

* *

*3.      **budug                    = *kasakit kulit, carénang sarta arateul
lantaran kuman.**

* *

*4.      **bugang                  = *bangké.**

* *

*5.      **bukur                    = *bagéan angeun, sirop jsb anu bisa
dicapék.**

* *

*6.      **bulao                     = *warna paul; biru. Tipung warna biru
paranti nyelep seuseuhan bodas supaya katénjona leuwih beresih.**

* *

*7.      **buleneng               = *leneng, gundul pisan (sirah) nepi ka
semu hérang.**

* *

*8.      **buncelik                = *molotot.**

* *

*9.      **buni                       = *teu gampang katénjo atawa
kapanggih.



*10.  **nyamuni                = *nyumput.**

* *

*11.  **burayak                *= anak lauk nu laleutik kénéh (impun).



*12.  **burung       *            =  teu jadi, teu tulus, batal, gélo,
siwah, palung, owah.



*13.  **busiat*                    =   kaluar kotoran teu dihaja, lantaran
murus.



*14.  **busung                  = * panyakit dijero beuteung nu
ngalantarankeun beuteung jadi kembung (di Majalengka mah jadi kecap sumpah
“Wani Busung”).



*15.  **beueuy                  = *rada beyé.



*16.  **beuweung              = *nyapék tapi henteu terus didahar.



*17.  **bohak                    = *raheut rada gedé.



*18.  **boyot                     = *kendor (leumpang) bangun bareurat awak.



*19.  **buburak                = *ngusir, nyingkahkeun; ngudag-ngudag nu
loba bilanganna, sangkan nyaringkah.



Emod,

Kirim email ke