On Tue, Mar 10, 2009 at 1:17 PM, mangjamal <mangja...@yahoo.com> wrote:
>
> heuheu..masalahna, mun barang-barang karuhun urang bisa dibawa balik deui ka 
> urang, naha yakin, urang bisa ngurus miarana? asa teu yakin.
> mending sina ku bule bae, da maranehna mah dina soal nu kararitu mah kaitung 
> tartib jeung rapih.
>
> kolonialismeu, dikitu dikieu oge geus milu ngamajukeun ieu bangsa, seler 
> sunda, jsb. cek mikihiro mah, apan basa sunda kiwari teh baheula na mah ngan 
> dipake ku us di gunung, jsb. henry lupias teh indo, sunda-walanda. jadi dina 
> bahasanana, nyoba siger tengah. yen sanajana loba gorengna, kahadeanana oge 
> teu euweuh.
>

sapagodos, uing ge kitu noongna. numatak uing ngusulkeun keun wae barang
fisikna mah sina dipiara ku urang walanda, nu geus kabuktian jagoan
dina masalah ngurus arsip.
tah nu perlu sarta rada kabedag teh, ngadigitalkeun eta bahan, supaya
bisa diakses di lembur.
jadi meureun model "mirror site" ti perpustakaan walanda, ngan dina
bentuk digitalna.

salam,
mh

Kirim email ke