ayeuna teh ketua DPR RI, urang cirebon. Agung Laksono, orang golkar,partey heubeul, urut wadah diktator HMS, partey nu kaitung kuat. mun petisi eta nepi ka AL, duka tah jadina kumaha. bisa jadi gumantung sikep AL oge.
kasus Banjar misah ti Ciamis, cek cenah aya faktor inohong nu kuat, boga lobi di Jakarta. Ginanjar Kartasasmita. yen ayeuna aya deui kahayang urang Ciakid (ciamis kidul) Pangandaran jsb hayang misah ti ciamis, sacara prinsip, mangga teh teuing. nu penting kumaha sangkan rahayat ciakid makmur bin sejahtera. sacara geografis jeung pulitik, cirebon misah teu misah ti jawa barat teu jadi ngurangan nanaon pikeun urang. sabab masih indonesia. teu patali jeung soal sunda lain sunda. urang ka cirebon teu kudu mawa passport jeung visa. sacara empiris, si kuring ngarasa patali batin jeung cirebon, sabab mother of my my grandma, ngumbara ka daerah eta, karangwareng pabuaran beh ditu sindanglaut. tangtu asa beda rarasaan, salaku urang gunung (highlander) siga si kuring nyaba ka basisir. kasus di sumut, tapanuli hayang misah, nepi ka teuing kunaha, ketua DPRDna tiwas, sigana bisa ngerem para inohong jakarta pikeun ngayakeun moratorium, asana hartina ngeureunkeun pemekaran daerah, jrrd. da ongkoh cenah kabukti loba nu gagal. niat awal demi kamajuan rahayat daerah, teu kataekan. kasus tapanuli hayang misah, bisa jadi alatan etnik batak hayang boga provinsi sorangan. sabab sumut pastina campur jeung melayu deli, jsb. meureun cirebon make unsur 'etnik' nu sawareh sunda lain jawa lain tea. mun unsur kasajarahan nu rek dipake, yen cirebon mangrupa kasultanan, jeung rek mulangkeun kakuasaan pemda ka sultan, nya modelna siga DIY, daerah istimewa yogyakarta. jadi DIC, daerah istimewa cirebon. tapi masalahna, 'karajaan' di cirebon aya tilu asana, kanoman, kasepuhan jeung cerbon. nu mana nu dijadikeun raja/sultan? di jateng, surakarta mah jentre asup provinsi jateng. sacara aku-akuan, yen mun cirebon jadi provinsi, ngawengku indramayu, kuningan jeung majalengka (ciayumajakuning), asana eta balik deui ka model kolonial, wilayah eta, jaman walanda, karesiden cirebon. mun urang majalengka kuningan oge make dadasar eta, nya meureun gabung.