Kontrak Politik
Di pengkolan jalan  ka kampung Cucungik kuring paamprok jeung Ocim. Saprak jadi 
tim sukses mitoha,mun amprok jeung kuring teh siga tepung jeung maru wae, 
pasemon Ocim haseum, pikacuaeun. Heueuh, bener ceuk aki kuring dunya pulitik 
mah sok ngobah sagalana, sipat jeung tabeat manusa sakolepat ngadadak 
robah.Contona,kiwari loba jalma ngadadak bageur gara-gara pulitik, kitu deui 
loba jalma silih seging, silih bintih, silih sindiran, nepika silih musuhan 
gara gara pulitik oge.

"Geuning sia barud!" ceuk kuring make basa loma. Tara nyebut ngaran cukup  
sibarud wae.
"Tah geuning papanggih, kabeneran euy!"tembalna
"Aya naon kitu nek debat?" tanya kuring satengah ngaheureuyan
"Nek nanyakeun baliho poto dunungan dewek anu keur meureup, kunaon gigireunana 
dipasangan poto silaing keur meureup oge!"
"Kunaha kitu? Bebas pan asal ulah hareupeunana bari jeung ngahaja nutupan!"
"Bebas sih bebas euy, tapi papeureup peureup siga nu nek garelut!"
"Dewek mah meureup soteh ngalambangkeun sumanget deuleu!"
"Heueuh dunungan dewek ge sarua!"
"Sumanget meulaan ra' yat leutik!"
"Dunungan dewek ge kitu!"
"Tapi pan lolobana, mun geus jeneng sok poho ka ra' yat nu milihna!"
"Akur ari palebah dinyana mah!"
"Kiwari ra' yat urang teh lir ibarat daun salam deuleu!"
"Maksud silaing?"
"Pek we mun nek ngangeun ngabelaan kutatang koteteng neangan daun salam sangkan 
angeun eta ngeunah,tapi pas geus jadi angeun, daun salamna ngilu dilebok 
henteu?"
"Nya hanteu, paling dibabetkeun ka wadah runtah!"
"Tah kitu ra' yat leutik ge euy, keur dibutuhkeun diolo, dicombo, dibibita 
sangkan daraek marilih , tapi geus ka pilih ih damang we, pan nu kitu teh  
sarua jeung daun salam lin?"
"Halah bener euy, paingan atuh basa dunungan dewek keur murak angeun kacang 
beureum, dipurak jeung daun salam salamna, maksudna meureun kitunya 
ngalambangkeun nyaah ka ra' yat. Dasar pulitikus ka angeun angeun dipulitisasi 
oge!"
"Lain nyaah tapi dunungan maneh mah rewog euy. Sagala dilebok!"
"Dilaporkeun siah!"
"Jig teu sieun deuleu,manehna jelema aing ge jelema, manehna nyaleg dewek ge 
nyaleg, naon bedana?"
"Bedana? Dunungan dewek mah geus boga kontrak pulitik euy!"
"Da dewek ge gableg!"
"Naon kitu?"
"Mun dewek jeneng, kop tah rebab jeung kacamata kacamatana, dewek nek pangsiun 
jadi tukang rebab!"
"Ari ka daun salam kumaha?"
"Heueuh euy kapaksa meureun demi ngalambangkeun nyaah ka ra' yat anu geus milih 
dewek, sakali deui kapaksa mun murak angeun nu aya daun salaman, daun salamna 
nu pangheulana ku dewek digares. Puas..puas....puas!"
"Edas....naha jadi los los ka tutukuleun sagala!" ceuk Ocim bari ngaleos 
ningalkeun kuring. Kuring oge ngilu ngincid, ret ka sisi gawir aya tangkal 
salam mani ngajegir, daunna gomplok pisan. Kuring meureudeuy ngabayangkeun keur 
nyanghareupan angeun kacang sabekom. 
syam ridwan

Kirim email ke