Bah, sadalah kuring oge can sanggup ari kudu ngomong make basa loma ka jalma anyar pinanggih mah.
tangtu kieu heula:

"Punten bapa, ari bapa teh anu timana, bade aya kaperyogian naon ka sepuh abdi?"

he..he..he...

Sabenerna kuringmah lain nyorot kana basa basa teuing, tapi kana jalma anu memenakeun. Manehna hirup di taun 2009, tapi uteuk jeung pikiran masih di jaman feodal. Raden anu, Rahadian anu, Enden anu, kedah nikah sareng kulawargi anu, anu masih keneh teureuh anu.
Halah.. he..he..he..

teu kitu:
Menak : "Heh, Suhe, nu bener siah maneh digawe teh. Maenya macul tilu poe ngan meunang sakotak." mang Suhe : "Aduh punten juragan, numawi kamari teh abdi kabancen, patuangan nyeri" bari tungkul. Menak : "Ah alesan we siamah, Pamalesan. Percumah dewek ngagawekeun maneh mah, kalahka olok kejo we hungkul. Meunggeus isukan mah montong ngagarap sawah dewek deui. Jor rek kabatur oge."




waluya2006 wrote:

> Irpan rispandi <mr.rispa...@...> wrote:
> he..he..he...
> Bah,
> ieu mah malah memperkuat teori 'mindset bangsa terjajah'.
> naha?
> sabab boh bah Wili boh si Ema pemulung, sarua papada ngawaris
> mindset 'ngahargaan ku basa lemes'.

Bener ari kituna mah. Tapi basa nu dipake ku kang Irpan dina dialog pan masih kaasup basa merenah, lain basa kasar. Kaduana, ieu mah keur sakuringeun, tetep rada hese ngomong (langsung lain dina tulisan), kanu anyar wawuh ku basa merenah komo ku basa kasar mah. Naha kuring produk "mindset bangsa terjajah"? Meureun ...da turunan karuhun nu baheula dijajah. Tah nu siga kuring teh loba, komo di Priangan mah. Teu gumantung kana kelas sosial. Hartina basa lemes teh masih diperlukeun, tinimbang dianggap "ngasaran" batur. Nya duka teuing kahareup mah ...sabab ieu teu bisa ku proses revolusi (robah ngadadak) tapi ku evolusi, robah lalaunan jeung gumantung pisan ka masyarakat urang, naha nuju ka masyarakat egaliter atawa tetep deukeut-deukeut ka feodalis.

Nu katengetan ku kuring mah, masyarakat urang masih bakutet jeung nu baheula, ukur beda bentuk wungkul. Mangga we tempo surat undangan nu kawin, naha make kudu berendel gelar akademis, da kawin mah teu boga ijasah oge bisa?

Baktosna,
WALUYA
[Teu percaya Revolusi mawa kaalusan]




--
Sent NOT from my BlackBerry®
powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
***Gue gak punya blackberry, puas?!

Reply via email to