Maca-maca UU ngeunaan HAKI, abdi ningal sakitu mah teu aya hal nu dirempak
margi nyebatkeun yen kawihna dumasar kana lagu Sabilulungan. Nanging leres,
sae pisan pami nyarios heula. Duka perkawis eta mah abdi teu terang. Mugia
pami tos jeneng teu hilap ngaropea ka hasil karya mang Koko tur kulawargana,
umumna ka budaya urang Sunda.

Sakantenan nembe teh ngetang, numutkeun UU HAKI, karya cipta anu mangrupi
lagu/kakawihan bakal janten milik umum saparantos 25 taun pupusna. Dina
kasus kawih-kawih mang Koko mah, bakal janten milik balarea dina taun 2010
payun.

Baktos,
Dian.

2009/3/23 oman abdurahman <omana...@gmail.com>

>   Heuheu, tos nyuhunkeun widi kitu ka keluarga alm Mang Koko? rupina mah
> parantos nya.
> ....
>
> On Mon, Mar 23, 2009 at 6:27 AM, Dian Tresna Nugraha <
> dian.nugr...@gmail.com> wrote:
>
>>   Kaleresan nuju kukurilingan ngambah sagara internet. Wah, mendakan aya
>> nu 'ngabajak' kawih "Sabilulungan":
>> http://www.youtube.com/watch?v=Jmq6g_nDX9M
>>
>> Hade aransemenana tah. Mung kade ah imbitna dicangreud heula sakedap bilih
>> ngiring gitek. :-)
>>
>> Nuju haneuteun pisan sigana teh di Indonesia mah, nya? Rupi-rupi iklan
>> sarupi ngaburudul dina Youtube.
>>
>> Baktos,
>> Dian.
>>
>
>

Reply via email to