Kumalayang (Bag. Ka-1)
Ku Kebo Hideung/Mang Utas  #28/02/2009

Sapanjang jalan Tasik Kuningan angin sareupna ngagelebug  neumbrag kaca beus 
anu ku kuring ditumpakan, diwuwuh kusora tonggeret pacampuh jeung sora cihcir 
nganteur lamunan kuring ka alam katukang. Ngalayang kakalayangan mapay-mapay 
kajadian basa keur budak.

Sakapeung mah kuring nyerengeh seuri sorangan sok inget ka babaturan baheula. 
Heueuh kapanan harita si Rukmana diudag-udag ku Mang Ajo, pedah buahna anu 
hareupeun imah Mang Ajo ditenggoran ku si Rukmana. Da eta si Rukmana diuber 
saleuleusna lumpat ka galengan sawah tugujubar duanana..lamokot tah ku leutak. 
Anu akhirna si Mang Ajo anu sakitu geus kolot beakeun napas ngahegak teu bisa 
hudang.. atuh ku Si Rukmana ditulungan, gek duanana dariuk sisi galengan bari 
papelong-pelong.

Kalayang deui lamunan kuring entreup ka suhunan imah bapa kuring, dina luhur 
dipan Bapa kuring keur ngajepat bangun anu teu walakaya, cindekna mah harita 
teh Bapa kuring keur gering galingging panas tiris, tunjangeuna Mimih kuring 
ngarancetan suku Bapa kuring.

Tina luhur suhunan kuring ngadenge Mimih kuring ngagerendeng, "Pa..si Ujang 
wayah kieu can mulang keneh jaba rek hujan."
"Jeung saha atuh ngaritna?" tembal Bapa kuring bari rada humarurung.
"Tadi mah jeung si Daswa..ceunah mah ngaritna rada jauh." tembal mimih kuring
"Kamana ceunah ka Gunung Sarongge ?" tanya si Bapa
"Kaditu..ka Ciburial ceunah, paur ka pegat caah we budak teh." tembal si Mimih 
bari rada carindakdak.

Di luhur suhunan kuring nyurucudkeun cai mata, duh..geuning kanyaah Indung Bapa 
kuring teu aya watesna..tileuleutik tug ka ayeuna geus boga budak angger 
kanyaah kolot kuring teu luntur ku waktu teu laas ku kaayaan.
Sok ras inget kuring boga tulisan ngeunaan kanyaah indung Bapa anu unina kieu :

Kanyaah Indung Bapa





Gubrag ka
alam dunya, koceak dengekna jentre meupeuskeun jemplingna peuting.

Disanggap
ku cireumbay kabungah nu jadi kolot. 

Renghap-ranjugna
indung nu ngalahirkeun, 

Kahariwangna
Bapa anu teu aya watesna 

Kaubaran ku
ngagoakna ceurik kuring.

 

Belenyehna seuri
kuring matak gumbira anu jadi kolot, 

Rengkak
polahna kuring jadi bahan gogonjakan anu jadi kolot. 

Waktu
kuring nandangan lara kolot kuring bingung anu teu aya hinggana, 

Teu kuat
ngabendung kabingung indung kuring nyegruk ceurik. 

Ningali
kuring kasampak gering bapa kuring ngahelas bangun nalangsa, nalangsa pinuh ku
kanyaah.

 

Basa kuring
geus jadi nonoman, teu saeutik kuring boga masalah

Kasaha deui
mun teu ka kolot kuring, kuring ngadu

Bapa kuring
anu ngabeberes masalah kuring

Indung
kuring anu ngupahan rasa kasedih kuring

 

Ayeuna
kuring geus gede

Ayeuna
kolot kuring geus rarempo

Asa can
pernah kuring mulang tarima

Nu aya ngan
ngaririweuh jeung mere kapusing anu jadi kolot

 

Boh indung
kuring atawa bapa kuring

Dugi
kaayeuna kanyaahna teu pegat-pegat

Kajeun jauh
ditungtung lembur

Kajeun
anggang ti pakarangan

Kanyaah
indung bapa kuring tetep pageuh teu aya watesna

 

Duh...Ema,
Bapa  hampura kuring

kuring teu
acan tiasa mulang tarima kanu jadi 
kolot-----------------------------------------------



Sakitu heula..Insya Allah disambung deui

Salam 
Mang Utas




      New Email names for you! 
Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. 
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/sg/

Kirim email ke