ngabetrik, betrik = ngajeprét.
ka+seuseup = nyedot hawa kajero awak atawa ngenyot barang éncér.
ka+pajaratan = ka kuburan [Majaléngka mah = pasaréan]
canéom = rada poék pikakeungeun [di leuweung, pajaratan, pasaréan]
mumbul = muncul, kaluar ti jero cai atawa ngapung.
diragotan, ragot = di Majalengka mah mun nu gelut atawa diadu sarua
wani ngalayanan. Hayam diaradu mani ragot.

Emod,

On 3/27/09, Dian Tresna Nugraha <dian.nugr...@gmail.com> wrote:
> Ayeuna urang mulungan kecap ti blogna Rizal Sabda
> (http://rizalsabda.blogspot.com/)
>
> Wah basa Sundana matak nyerah bongkokan (tingal bae runtuyan tanda
> tanya di handap ieu)
>
> halabhab = hayang nginum pedah hareudang
> ngabetrik = ?
> pipinding sirah = panutup sirah?
> kaseuseup = ?
> kapajaratan = ?
> rungkang = ?
> canéom = ?
> mumbul = ?
> kingkin = ?
> diragotan = ?
> diluruban = ?
> lilimbung = ?
>
> Baktos,
>
> Dian.
>
>
>
>
> --------------------------------
> Rabu, 2007 Desember 26
>
> kota
>
> halabhab hawa kota ngabetrik pipinding sirah
> téténjoan samar-samar (ranyay) kaseuseup jutaan gambar
> na kamana iuh-iuh tangkal kiara, kalapa, léngkéng jeung loa
> geuning geus ilang diganti ku jajaran salasar tihang
> poster-poster jeung spanduk marinuhan sapaparat leumpang
> kitu deui reujeung gapura geus teu némbongkeun ngaran hiji patempatan
> ukur ngajeblag hiji tulisan “selamat datang”
> padahal saha nu terang boa teuing éta seratan brasna kapajaratan?
>
> --------------------------------
> rungkang canéom
>
> puntung-puntung nu ngabarak dina asbak
> teu karasa geus mumbul nyaksian kakingkinan
> batin kuring dina peuting.
> sora-sora kontra bas, sora-sora biola
> sadana ngagelik_ ngagitik pipinding sukma
> mancawura medahkeun kalangkang-kalangkang beurang
> jungjunan, di dieu laju pikir geus mimiti samagaha
> béré kuring jentréng-jentréng petikan qur’an
> sangkan batin nu kapoékan kadamaran pulas beutina.
>
> --------------------------------
> dapur
>
> duh karunya teuing dapur kuring jirimna
> geus panyakitan diragotan ku pirus mangsa
> inget harita ari tacan mangkat sakola.
> siduru heula hareupeun beungeut hawu
> bari nunungguan asakna sangu keur tunjel
> bekel mikir nyiar élmu.
> beau geuning ayeuna saprak sapuluh taun
> kuring lawas ninggalkeun imah
> horéng lain bilik wungkul nu geus tatu, tapi hawu ogé kingkin jirimna
> _ teu jauh béda reujeung batu na akar jambu
> : diluruban ku pirang-pirang tai hayam.
>
> --------------------------------
> sirung kalangkang
>
> wengi ieu jungjunan langit anjeun murag katincak béca
> béntang-béntangna nyarelap dina saban guratan ban
> beuki jauh ringkang béca ninggalkeun jalan,
> beuki waas cahayana kingkilaban ti kajauhan.
> hiji mangsa bagja kuring jeung manéhna laksana
> silih simbeuhan silih amanatan dina tungkul babarengan.
>
> --------------------------------
> laklak jempling
>
> ngaburicak batu bénsin diruru guratan beusi
> sapuih-sapuih cuk-crekna ngahaseupan eusi sungut.
> dina panto, kalangkang aing pating gorowok
> neueulkeun leletan tarang nu méhméhan ditarok ku sumsum tulang
> sedeng puntung dina létah, ajrag-ajragan nyarakakak ayeuh-ayeuhan
> nyasak ka saban seuneu nu ngaruhak na jero otak.
> melenghir kembang bugang meungpeukan beubeungeut eunteung
> nurihkeun seuseukeut péso kana konéas warna samboja
> dina kulit grut-gret hinis awi ngarakacak natoan jurig
> nilengkeun panon aing nu kabakutet beulitan listrik
> lilimbungkeun babauna sarupa arak nu ngayakyak teu béak-béak..
>


------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:urangsunda-dig...@yahoogroups.com 
    mailto:urangsunda-fullfeatu...@yahoogroups.com

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    urangsunda-unsubscr...@yahoogroups.com

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke