Sampurasun Baraya sadaya,
kumaha daramang?

Tos lami si kuring tara kutrak ketrok dinu kibod.
Ayena jadi hoyong lalaguan, judulna teh Halo-halo Bandung,
ceuk cenah mah jieunan Ismail Marzuki, tapi duka teuing.

Yu, babarengan,
hiji. dua.. tilu...

-=-
Halo Halo Bandung
Ibu kota Priangan
Halo Halo Bandung
Kota kenang-kenangan
Sudah lama beta tidak berjumpa dengan kau
Sekarang sudah menjadi lautan api
Mari Bung rebut kembali
-=-

Tuh tinggali, Bandung teh ibu kota Priangan, lain ibu kota Jawa Barat.
Tuh tinggali, geus ti saprak lila jelema nu ti jauh oge nyahoo ngeunaan eta 
perkara.
Nu matak, mun ek ngarobah ngaran jadi Provinsi Priangan, geus sapatutna, eta 
mah hak urang, geus puguh loba jelema nu geus nyahoo.

Ayeuna Bandung geus panas, geus rumeuk, geus heurin ku tangtung.
Ceuk cenah, Bandung bakal mulang deui jadi danao lamun Bandung geus heurin ku 
tangtung.

Kumaha atuh? Duka teuing...

Hayu urang hudang...
Hayu urang bergerak...
Hayu urang rebut deui...

Atawa,

Antep sina titeuleum deui, jadi danao deui,
sahingga jaga, Priangan jeung eta Ibu kotana ngan ukur jadi kenangan wungkul.


Cag ah,
Si Rawing



      

Kirim email ke