Kang..
Kaosna Tos katampi meuni lucu..
antos kiriman ti Abdina dinten ieu
Pas nyontreng pasti di anggo..
Pasti unggal nu bade nyontreng melong ka Abdi..
heuheuheu..

Nuhun

On Mar 19, 2009, at 5:59 PM, Husna Kusnandar wrote:

Kang..Hoyong atuh..


Hatur nuhun
On Mar 16, 2009, at 5:03 PM, syam ridwan wrote:


Baraya!
Kaos edun anu kul kalem konpiden tea ngaluarkeun kaos sepesial edisien nyaeta "montong milih" bisi panasaran mangga toong we disainna di file nangkod. Minangkana mah dina raraga anti mati gaya tea. Sok ah geura paresen, daripada dompet heurin kuduit atawa kartu atm nepika karatan tara dipake, mendingan dipake meuli kaos ieu, komo pamajikan kiwari geus boseneun dibere uang balanja mah kasempetan pisan, katurug turug ngaroko ge pan geus eungkeut eungkeut geus dikurangan lin, mun dipaksakeun wae didedetkeun kana dompet, tangtu bae dompet bisa kamerekaan kuduit.

Hargana mah pan geus pada arapal, bahana combad atuh corak warna hideung, bisi bosen hideung, hideung deui hideung deui, kawas simamih unggal make baju totol deui totol deui, ari pas ningali dina pamoeanana sihoreng sapamoean bajuna totol totol. Salian hideung aya pilihan warna nyaeta hejo army ised saeutik tihideung.

Nu kataji mangga japri ka pay...@yahoo.com.au ka baraya nu teu tiasa nampi attached diyahoogrup tiasa ngajapri oge.

Ka baraya nu tos pesen kaos bajigur,anderock,pitenah,chevote,keuheul mode on, panginten nuju on the way, sing seueur maos doa salamet we meh tereh dugi kalayan salamet. Anu tacan kakintun mohon kesabarannyah. Anu hoyong pesen harewoskeun ka abdi ngalangkungan imel nu disebatkeun diluhur.

Beu ni mabay nya padahal ngan ukur nawarkeun kaos. Kieu yeuh loba gaul jeung tukang obat teh.
"Dipilih....dipilih....dipilih......!

baktos,
syam ridwan

<kacingcalang.jpg>




Kirim email ke