Baraya, jigana salah sahiji jurus, ngarah rada objektif dina noong
pamahaman nu beda-beda, ngarah teu ukur klaim pamahaman uing
pangbenerna, pamahaman batur mah kaliru, urang cobaan make model
fungsional. Kira-kira kieu gambarna:

umat ===> [pamahaman-pamahaman] ===> ahlak/produktifitas

Tah dina model di luhur nu dimaksud umat teh, sebut we masayarakat;
ari pemahaman-pemahaman bisa ngawakilan agama-agama, atawa
aliran-aliran pemahaman dina hiji agama, atawa sistem tata nilai
lianna; nu panungtung outputna sebutkeun ahlak masyarakat, atawa
produktifitas gawe, jeung sajabana.

Ayeuna urang toong ku urang masing-masing we heula, tong waka heula
noong batur, cing golongan agama mana, pamahaman mazhab mana nu geus
bisa ngahsilkeun ahlak manusa nu hade, produktifitas gawe masyarakat
nu hade, kamajuan sains jeung teknologi nu hade, jeung sajabana.

(mh)

2009/4/8 Ahmad Dimyati <a_dimya...@yahoo.com>:
> Panuju kang Haji. Jalma mah moal weleh diajar nepi ka awak ngagoler ngujur
> ngaler, aeh.... nyangigir nyanghareup kiblat. Malah aya mursyid tarekat nu
> nyebatkeun geus di alam kubur ge suluk jalan terus bari leuwih hese. Mun
> geus ngarasa pangbenerna mah bari batur salah meureun nyaruaan Pangeran.
> Na'udzu billahi min dzalik. Sim kuring ge teu ngarasa JIL, milu milis JIL
> the dina raraga ngaji neangan luang jeung pangalaman. Sok milu oge ngaji di
> usrohna salafi, milu dzikir jeung shalawatan. Sugan wae hirup tambah hade,
> beuki ngarti beuki daek ngabdi ka Gusti nu Mahasuci.
> Nuhun kana taushiyahna ti sadayana.
>
> AD
>
> Ahmad Dimyati, Pembelajar sejak dikandung hingga dikubur
>
> ________________________________
> From: H Surtiwa
> Date: Wed, 8 Apr 2009 06:46:24 +0700
> To: <urangsunda@yahoogroups.com>
> Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: <JIL> Mendudukkan Pluralisme Agama (Syafi'i
> Ma'arif)
>
> Asa aneh patarosanna...siga anu siap ganyag JIL ? Pan ieu mah arena
> rahulisme..objekna kedah diperlakukeun objektif ....tah sae wae anu tiasa
> nganalisa tentang JIL..mangga ngarahul. Abdi mah tos ngondang Dr. Komaroedin
> Hidayat dina acara pangajian sina kongkorongok naon ari JIL teh.....Kitu
> deui tokoh Syiah A Shihab oge kongkorongok dina pangajian BDI..Anu penting
> mah keyr sayah "knows sombody where is coming from "/..Ari rek didebat dina
> forum mah hese gawe meakkeun waktu..da jawabna oge "Ieu pamahaman
> kita....tidak mengklaim ini benar....atau yang paling benar". Sami oge anu
> to golongan Akadian...(salah sahiji M anager di Pausahaan sayah behula
> tokohna)...nya manehna ngabeberkeun konsepsi pamahamanana....nya jelas beda
> jeung mayoritas...
>
> On 4/7/09, irpan rispandi <mr.rispa...@gmail.com> wrote:
>>
>> atuda ararateul he..he..he..
>> papada baraya Kusnet rame adurenyom ngeunaan JIL. tapi kuring teu nyaho
>> saha anu dipihak JIL saha anu lain JIL. lamun puguh kan ngeunah
>> mengikutinya.
>>
>> lamun ayeuna kan ribet, ceuk si ieu 'Cenah JIL teh kieu', ceuk si eta
>> 'Cenah JIL teh  kitu'.  Ceuk kuring 'Cenah JIL teh  membahayakan'. Tuh
>> kapanan masih keneh 'Cenah'.
>>
>> ari kitu mah aya  jelema anu jadi penganut JIL, kapanan manehna nyahoeun
>> sabenerna JIL teh kumaha. Salahna dimana, ngawujudkeun tujuan maranehna
>> pikeun ngaruksak teh kumaha carana. jrrd.
>>
>> nu matak kuring nanya, saha baraya Kusnet anu menganut JIL?
>> kitu.
>>
>>
>> ua duq wrote:
>>
>> buseeeett... cucuk euy....
>>
>> 2009/4/7 irpan rispandi <mr.rispa...@gmail.com>
>>>
>>> Cikan di kusnet aya urang JIL teu nya?
>>> coba ngacung...
>>> aya teu, urang ngobrol yu?
>>>
>>>
>>> ***bari ngagilirkeun perah bedog he..he..he...
>>>
>>> H Surtiwa wrote:
>>>
>>> Gampil wae .mangga taroskeun ka urang2 JIL kunaon marenehna kurang sreg
>>> neurey buleud2 eta "imanulyakin" teh ?. Pan eta pasualanna mah..Teras
>>> lamun
>>> ngadu renyomkeun imanulyakin mah..pan langgeng tiasa berabad2...
>>>
>>> ._,___
>>
>>
>> --
>> d-: dudi herlianto :-q
>> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
>> uaduq.co.cc
>>

Reply via email to