mang urang mah moal pusing,...ku cuntrang contreng
eta kaos teh rek di product moal..? alus euy... seu eur nu naroskuen yeuh..?



2009/4/2 syam ridwan <pay...@yahoo.com.au>

>    *Kade Poho Nyontreng*
> Suhu politik di bojongkenyot pasca kampanyeu, anu samemehna harengheng
> pikahariwangeun ayeuna geus kuling doun. Mitoha ge geus teu galak deui,
> malahan ngajak koalisi sagala, katempoeun meureun basa partey rudet hate
> kampanyeu dilapang tegal oyodan, tumplek timana mana. Komo basa katingali
> kuring disiarkeun ditipi mah, keur engklak engklakan bari ngahaleuang lagu
> "hati yang luka"jeung "beulah duren" wawanen mitoha beuki ngeplek wae.
>
> Remen kasorot kamera tur asup kana tipi, pamor kuring jadi naek, poling
> poling ge grapikna nerekel terus. Katambah isu politik disabuderen daerah
> pemilihan bojongkenyot, kampung cucungik, ciburayot jeung ciateul bujal,
> nambahan beureum rapor mitoha. Ari sememehna mah isu nu sumebar caleg
> kolot jeung eta deui eta deui (EDED), pamor mitoha teu rengrot rengrot, tapi
> ku isu pernyandungan mah pamor mitoha langsung ngajurahroh, lantaran, keur
> mah ngadukung ayana pernyandungan, der deuih pipilueun nyandung. Dina lebah
> dieu kuring sorangan tetep panceg kana pamadegan yen poligami mah NO, tapi
> ari nyandung mah heueuh YES lah.
>
> Sabaraha poe deui urang baris nangtukeun pilihan, bisi cenah nek milih
> kuring tapi di surat suara kutatang koteteng euweuh ngaran ENJUM, anteng
> dibulak balik ge weleh teu manggih, tah bisi meakeun waktu, dibilik suara
> nepikeun ka mangjam-jam. Contreng wae anu cop jeung hate,keun da loba keneh
> caleg nu bersih sarta jujur. Ngan samemeh nyontreng kerenyemkeun heula
> ngaran kuring tilu puluh tilu kali kali...ENJUM....ENJUM....ENJUM (tilu
> puluh kali deui) bari terus nenjrag bumi tilu kali.*syam ridwan*
>
> 
>

Kirim email ke