Enya kitu Mang J. Rada teu garenah awak basa poe Jumaah teh, eta meureun
digeder dua peuting teu pati sare tibra. Malem kemis nepi ka jam 12 peuting
da tatahar nyiapkeun tempat jeung beberes di TPS, atuh Kemis isuk-isuk geus
kudu campego di TPS da jadi panitia tea. Poe kemisna mah sapoe jeput malah
nepi ka peuting pisan. Enyaan pemilihan ayeuna mah asa ripuh, ripuh ku
gedena surat sora, ari tulisan leutik atuh dina pas ngitung sora ge mani
dibelel-belel panon teh da nyontreng ku spidol beureum, leuheung lamun
tempat nyontreng teh dina nu euweuh tulisan eta palebah nu nyontreng dina
gambar partey apan sakitu kudu telekna. Anggeus ngitung sora pas magrib.
Dituluykeun nyieun berita acara nepi ka tabuh sabelas peuting, untung we teu
hujan. Matak awak asa pasiksak bari jeung pingping rada nyeri sieun asam
urat, matak rek ngilu ka Baduy teh kajeun bolay we, bisi teu bisa leumpang
matak ngaripuhkeun balad saperjalanan.
Warga RT kuring aya 6 jalma nu teu asup DPT, keur pilpres kudu diasupkeun
kana DPT Tambahan, kudu anggeus tanggal 20 April,  bisa rengse sigana mah.
Ngatek-ngutek nu kieu teh pedah we kuring teh ketua RT, asa era lamun teu
kabeh nu boga hak asup DPT.
 Puguh hanjakal pisan teu bisa ngilu ka Baduy teh, keur mah aya nu diponto
perkara bedog, kari-kari dina waktuna bet teu bisa. Tapi ketah awak mah teu
bisa majar kumaha perbawa umur geus ngolotan, sunatullah teu bisa jagjag
bae.

MSas


2009/4/13 mj <ja...@itenas.ac.id>

>
>
>
> rada carape keneh yeuh. karek mulang ka bandung jam 2 peuting.
> saptu-minggu ka kanekes baduy. tadina si ua sasmita bade ngiring, hanjakal
> his body not delicious (tidak enak badan atawa nuju teu ngarareunah awak,
> alias rada teu damang). asalna mah rek ngajak pembimbing, sangkan apal,
> tapi sami mawon.
>
> antukna ngan si kuring, andiw chinook mantan tukang kaos kusnet-si eta nu
> nyupiran kijang inova sewaan, kang hawe setiawan pemred majalah basa sunda
> cupumanik jeung atep kurnia, nu tulisana soal sunda sok dimuat kompas
> jabar,jeung dhipie kuron, istri, manado-jawa nu lahir gede di cimahi,
> manajer andrea hirata.
>
> nya kitu we, sabab urang bandung wungkul. ngalaman sasab. da pangalaman ka
> baduy teh sataun kaliwat, bari harita mah jeung kang wahyu, guru SMSR buah
> batu, nu urang rangkas.
>
> urang kanekes karek beres panen. jadi keur bulan kawalu tea. kamari teh di
> tangtu mah keur aya acara adat, ngalaksa, jadi urang luar teu meunang
> asup. bisa asup ka kertawana pabeubeurang. sakeudeung deui rek seba cenah
> ka serang (gubernur banten) jeung ka rangkas (bupati lebak).
>
> tadina rek ngendong di bapa samin di cikadu, kusabab sasab heula, nya
> ngendong di kampung pang hareupna, ciranji,di imah pa pulung (ayah
> narah), nu taun kamari diendongan. memeh ka ciranji, ka ciboleger
> kaduketug heula, sugan panggih jeung pa mursid, wakil desa kanekes di
> tangtu (baduy jero), tapi suwung. hawe setiawan aya nu nanya di walanda,
> soal bung karno nu cenah boga sobat urang baduy. puun Jandol, nu sihoreng
> bapana pa mursid. cek cenah, patung dirgantara di pancoran (patung tujuh,
> salah sapuluh patung pesenan bung karno pikeun ngahias jakarta, make model
> puun jandol.
>
> cek ki adi nu nyupiran, ti indit nepi ka balik, beak 650km! bedul jauh
> pisan. nya katambah sasab puluhan kilometer di bojongmanik jeung balik
> neangan pintu tol ti serang-pandeglang. neangan jalan lain da basa indit,
> kalur ti balaraja timur, ka rangkas, jalana puluhan km butut kacida.
> aspalna rusak. kumaha atuh ratu atut teh..
>
> keur rada pakepuk ku cicing ieu teh, jadi moal waka diteruskeun lalakon
> nganjang ka kanekes teh. partey nu meunang di dinya mah pks, partey
> kanekes sejahtera. haha
>
> mj
>
>  <http://geocities.com/mangjamal>
>
>
> 
>



-- 
http://rumahbacabukusunda.blogspot.com

Kirim email ke