Rada pikaseurieun macaan posting-posting di millis kisunda, aya nu nu 
nyeungseurikeun jeung ngaggugat mithos tapi sabalikna nyebut-nyebut "unsur anu 
opat" ngaluarkeun kode "Morse" ...hahahaha. Atuh sarua wae ari kitu mah, teu 
aya bedana. Mithos euweuh buktina, "unsur nu opat" ngaluarkeun kode oge euweuh 
buktina. Pedah ari mithos mah kapercayaan urang lembur, ari "kode", "morse" mah 
istilah urang modern nu "diinjeum" istilahna ku para "dukun modern".

Loba "dukun modern" di Indonesia mah, dalah presiden jeung universitas 
Muhamadyah Yogya oge katipu ku si Joko "Blue energy". Kunaon pangpangna kitu? 
Loba teuing malaweung, hayang ngudag kamajuan sains & teknologi, tapi lain ku 
usaha tekun diajar jeung teu sadar kamajuan sain & teknologi teh mangrupakeun 
hasil ti katekunan manusa ti ratusan taun katukang. Lir ibarat piramid nu
dadasarna geus dijieun ku manusa-manusa nu tiheula hirup. Teu aya sains & 
Teknologi nu datang ti langit, langsung gudubrag ditimukeun. Teu aya tidituna 
"unsur anu opat" ngaluarkeun kode (signal?) tepika bisa ditangkep ku manusa 
(panca indera). Cik signalna jenis naon? Sora (mekanik) atawa partikel (EM 
atawa elektron, proton, quark jrrd)?

Ngaramal rek aya bancang pakewuh kudu ati-ati, sabab bisa ditewak ku pulisi, 
disangka ngaresahkeun masyarakat. Tong boro rumul-ramal nu teu puguh 
alang-ujurna, ahli-ahli vulkanologi ge ati-ati pisan netepkeun status Siaga I 
atawa siaga II ka masyarakat sabudeureun gunung nu dikira-kira rek bitu. Ari 
ieu mani gampang pisan nyebut rek aya kajadian bancang pakewuh di hiji tempat. 
Untung dina millis nu maracana ukur nyararengeh.

Mithos jauh leuwih aya gunana sabab bisa jadi "sumber" sajarah, tapi dukun 
"modern" keur naon?

WALUYA


Kirim email ke