Saestuna balatak US nu ngageugeuh kawebngan boh di bidang politik, birokrasi, 
dunia usaha atawa gerakan swadaya masyarakat. Ngan sigana teu aya gerakan nu 
meungkeut arinyana dina hiji jaringan nu miboga falsafah, visi jeung misi nu 
museur kana kasundaan. Masing-masing kabeungkeut ku falsafah, ideologi, jeung 
tangtu wae visi misi non-kasundaan. Kasundaan mah dianggap primordialisme. 
Nasionalisme, kaislaman jeung da'wahna, sukses usaha, kasenian cenah leuwih 
penting batan kasundaan. Meureun mun rek ngunggulkeun kasundaan, kudu disusun 
formula kasundaan nu teu pagedrug jeung nasionalisme, kaislaman, jeung ekonomi.
Kumaha mun kieu: Inohong politisi ti berbagai aliran, inohong agama berbagai 
aliran, seniman, usahawan, akademisi, jeung birokrasi ngariung ngabahas ieu? 
Salajengna mah......nyanggakeun!

AD




________________________________
From: "herdymuly...@ymail.com" <herdymuly...@ymail.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Tuesday, April 14, 2009 21:40:36
Subject: [Urang Sunda] inohong jawa barat





aya beja ti detic.com prabowo rek nepungan inohong jawa barat,cik kira - kira, 
pamenta naon nu kudu di kedalkeun sangkan urang sunda ulah wungkul dianggap 
lamun usum pemilu.sigana hal ieu ge sarua kudu ditepikeun utamana ka sby nu 
jadi calon kuat presiden, ulah aya menteri urang sunda ge di reshuffle, boga 
guberenur BI ge kalah kabeulit ku kasus hukum, boga ketua dpd ge najan 
gogorowokan kurang di palire, komo meureun nya aya anggota dpr urang sunda nu 
era nagku manehna urang sunda... tah sangkan ulah kajadian kira-kira urang 
pikiran ku sarerea heup heula ngeunaan pluralisme lah...





      Get your new Email address!
Grab the Email name you&#39;ve always wanted before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Reply via email to