Hihihihihi...
Kamari para stakeholder geus ngusahakeun penolakan liwat jalur
Diplomasi, tapina teu mempan.
Tah, jigana geus ieu aya rencana rek make jalur frontal demonstrasi.
Taaah, mun ieu gagal make jalur bedog, kang irpan weh nu maju nya.
hihihihihi
-Bohay-
2009/4/22 irpan rispandi
<mr.rispandi@gmail.com>
Jadi kumaha yeuh?
(ngaharewos) bedog geus siap......
Reka "Bohay" wrote:
Kieu kang, kunaon impor? jawabna supply demand.
Ayeuna kecepatan demand daging di Indonesia teu katutupan ku supply
sapi lokal, kusabab loba pisan rahayat urang teh.
Sabenerna Menta tong malah nyieun solusi jangka pendek, kuduna manehna
boga visi ngabelaan peternak, nyaeta nyieun rencana jangka panjang
nyieun strategi keur ngembangkeun peternakan lokal. Dan ini sangat
memungkinkan!
Tapi teuing atuh, Mentri teh ngadon mikir pondok.
Kang Irpan, nu kieu meunang disebut Mentri Goblog???
hihihihihi
-Bohay-
2009/4/22 irpan rispandi
<mr.rispandi@gmail.com>
Kuring ge teu ngarti
kumaha
impor-imporan teh. leuwih teu ngarti deui,
'naha bet kudu ngimpor'.
tapi kuring mah kusabab teu ngarti, jadi mikirna sederhana. anu dagang
jeung nu meuli, anu loba duit nu mana?
ceuk kuring mah anu dagang, sabab narima duit ti nu meuli.
bangsa urang pagaweana meuli, tapi dagang teu pati, atuh duitna lila
lila beak. geus beak rek kumaha?
keur mah nu dibeuli na teh barang goreng, baju bekas lah, daging
panyakitan lah, samalahmah runtah B3 oge. dibeuli, dimana uteukna
diteundeuna nya?
waluya2006 wrote:
> "Reka \"Bohay\"" <rekabo...@...> wrote:
> Cik ah, kira2 kumaha pendapat wadya balad kusnet???
Wah ...teu pati ngartos kang Bohay, kumaha tata cara impor daging teh.
Tapi enya alusna mah ulah ngimpor daging ti tempat nu loba panyakitna,
bisi kumaha onam.
Basa kornet baheula murah keneh, loba kornet buatan argentina jeung
brazil di supermaket ( lamun teu salah mah merkna teh Libbys). Ngan
kadieunakeun beuki mahal jeung jarang, tapi gantina ku kornet buatan
Cina mani ngaleuya. Sigana mah nu asak mah teu nanaon nya?
Baktosna,
WALUYA
.
.