Wah tiasa pisan ngadongengna, bisa2 akang tos biasa nyerat di koran/majalah, abdi ngaos dugi ka tamatna. Wilujeng, nyerat deui nu sanesna
--- On Mon, 4/6/09, syam ridwan <pay...@yahoo.com.au> wrote: From: syam ridwan <pay...@yahoo.com.au> Subject: [Urang Sunda] [4S]NYALEG#9 To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Monday, April 6, 2009, 9:49 PM Back to Rebab Poean nyontreng geus kaliwat, ti harita pamajikan jadi perhatian pisan ka kuring,satiap tingkah paripolah kuring sok ditalingakeun wae. Kawas basa kuring keur ngagigiwing tambang palastik, pamajikan langsung muru bari ngomong rawah riwih, pajarkeun geuwat istigpar tong luluasan kitu. Padahal ngagigiwing tambang soteh nek ngamandian sijalu, domba kuring geus aya sabulanna teu creambath creambath. Kitu deui basa kuring keur gugulantungan dina tangkal kalapa, pamajikan jejerewetan bari rawah riwih deui,kontan jalma anu aya didinya langsung ngagimbung, dua tilu urang aya nu haat ngamparkeun spring bed persis dihandapeun tangkal kalapa pisan, ditumpuk nepika tilu hambalan. Kabeh nu aya didinya nyarangka goreng, pajarkeun kuring jalma stres. Padahal nerekel kana tangkal kalapa soteh, nek ngala kalapa garing jang ngurab jantung cau. Pikeun kuring, pamajikan boga kahariwang model kitu kaasup wajar lantaran dilembur sejen loba jalma nu tingkah polahna araneh gara gara gagal nyaleg.. Heueuh dipikir pikir mah sok keuheul, ari keur kampanyeu loba pisan nu ngadukung teh, na ari hasilna celeketek teh jauh tisangkaan. Padahal bi icih salahsahiji fans kuring, samemeh nyontreng mani pok pisan, bakal satia milih ngaran jeung partey kuring, tapi dina emprona manehna sasadu pajarkeun geus dibulak dibalik eta keretas suara nu sagede alaihim teh, weleh nu ngarana Enjum ti partey rudet hate teu kapanggih didinya. Sanasib jeung kuring, mitoha oge hasilna mencedel, padahal samemehna mitoha kungsi susumbar pasti meunang 70% suara, didaerah pamilihan Bojongkenyot, Kampung Cucungik, Ciburayot jeung Ciateul bujal, anu diklem daerah lumbung suara manehna. "Bedus, eta gara gara Dewi Gigisik pipilueun nyaleg, jadi we suara dewek ngabelekbek! "Pokna, murang muring ka caleg sejen, anu suarana unggul lantaran manehna saurang artis."Mangkana jadi artis heula atuh ari hayang meunang mah!"Kuring ngengklokan. "Teuing ah dewek mah lieur ngabandunganana! " Jawab mitoha teu kapapanjangan. Teuing geus beak sabaraha biaya anu geus dikaluarkeun ku mitoha pikeun ngabeayayaan nyaleg ieu, nu jelas ku elehna nyaleg manehna mehmehan asup ka riau sawelas. Untung kuring mah ngan ukur jangar wungkul, didagorkeun kana bujur randa ge kontan cageur. Keun dicokot hikmahna wae, pan gara gara eleh nyaleg, kuring jeung mitoha runtut raut deui kawas sasari. Heueuh da saenyana didunya pulitik mah euweuh musuh nu abadi, nu aya kapentingan abadi. Ucing jeung anjing ge sok ngadadak akur didunya pulitik mah, lamun dihareupeunana aya oray,anu dianggap musuh bersama. Keun teu tulus jadi anggahaota DPR ge, meureun lain milikna, boa geus diguratkeun tidituna jadi tukang rebab forever. Ditumarimakeun bae, sanajan enya pakasaban tukang rebab teh ngan ukur koreh koreh cok, jauh mela melu kamahi, tapi moal leutik hate lantaran nu saenyana tukang rebab mah pangbagja bagjana sadunya lantaran lamun keur manggung posisina sok pangdeukeutna ka bujur ronggeng. Tah nu matak tukang rebab mah rata-rata sok make kacamata hideung, lain sieun kapeureupeunan, tapi meh jongjong we nyidikeun bujur ronggeng. Leuh jadi buka kartu yeuh.[tamat] *syam ridwan*