Halow deui, Jang. Hehehe, kitu da urang Sunda mah, kana banyol teh geus sakulit 
sadaging.
Nuhun kasep, sok sing getol ngorongna.. ngan Aki mah moal ngiring, bisi ngirung.

--- Pada Kam, 30/4/09, Jay <jay_tukangkom...@yahoo.com> menulis:


Dari: Jay <jay_tukangkom...@yahoo.com>
Topik: Bls: [Urang Sunda] Re: Sampurasun
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Tanggal: Kamis, 30 April, 2009, 7:14 AM








Halow Ki...
nepangkeun abdi, Jay. Pameget, kasep. 
kawit ti kuningan. karesepna ngorong.
ngorong dongeng.
heu heu

-Jay-

--- In urangsu...@yahoogro ups.com, Ki Leuksa Sunda <ki_leu...@. ..> wrote:
>
> Alhamdulillah, bagja temen dilawungkeun sareng Neng Roro.
> Eta deui ti Wado buit teh, nya? Pan Aki ge digelarkeun ka alam rame teh di 
> Kamenteng Darmaraja. Ngan ngalalana ka saban tempat, da harita teh pun bapa 
> dinesna teu matuh.
> Hatur salam ka kadang wargi nu aya di Wado sareng sabudeureunana.
> Nuhun deuih, urang teh tiasa nyangreudkeun silaturahmi ku acara dongeng, atuh 
> ayeuna ditumbu ku Kusnet. Emh, panyana teh moal bisa ngobrol di jomantara 
> kawask kieu.
> Nuhun Nyi Roro, ku Aki didoakeun sing mulus rahayu berekah salamet
> Perkara eta palay ngayakeun pasanggiri dongeng, hayu lah !
> Insya Allah Aki moal jauh jeung Kusnet..
> 
> 
> --- Pada Kam, 30/4/09, Roro Rohmah <Roro.Rohmah@ ...> menulis:
> 
> 
> Dari: Roro Rohmah <Roro.Rohmah@ ...>
> Topik: [Urang Sunda] Re: Sampurasun
> Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com
> Tanggal: Kamis, 30 April, 2009, 5:15 AM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Rampes Ki…
> Waduh, ieu teh Ki Leuksa tea? Haturan…
> Kamana wungkul Ki?... nembe ayeuna mucunghuls? 
> Nepangkeun abdi Roro, buit Wado Sumedang. Minangkana mah abdi teh kuncen 
> istri hiji2na di milis.
>  
> Mugi janten uninga (fyi), abdi teh “fans berat” dongeng pasosonten Mang Jaya 
> ti Radio Angkasa Kadipaten. Soantenna nu halimpu, kantos nyirep abdi di 
> mangsa taun 80an. Eta mah kuat ka ngagogotong radio (harita mah radio teh 
> baradags) ungkrah-angkrih ti tepas, ka pangkeng, ti pangkeng ka dapur, ti 
> dapur ka pancuran. Jaba dipirig ku sora embe…hiliwirna angin, kereskna daun 
> awi nu diaradu… nyeta, bakat ku sieun tinggaleun ku dongeng hehehe…
> Tina dongeng-dongeng eta abdi tiasa diajar Basa Sunda, seueur kecap-kecap 
> enggal nu nembe terang, da maklum nuju alit mah seueuerna hirup di Jakarta. 
>  
> MH, tos aya Ki Leuksa mah rencana pasanggiri maca dongeng tea teh tiasa 
> kalaksanakeun yeuh…heuheu… Juri-na tos aya!
>  
> Wilujeng sumping di Kusnet Ki, mugia sing betah, merenah tur tumaninah, tiasa 
> babagi pangaweruh ka sakur urang Sunda nu aya di ieu milis.
>  
> Haturnuhun,
> salam,
> Roro.
>  
>  
> >>> ki_leu...@yahoo. co.id 04/29/09 04:10PM >>>
> 
>  
> Sampurasuuun. ....
> Hapunten anu kasuhun, sim Kuring rumaos tumorojog tanpa larapan. Nu dimaksad 
> taya sanes, seja ngiring ilubiung di Kusnet, ngiring aub sarta jabung 
> tumapalung malahmandar aya guna sareng mangfaatna, boh keur sim Kuring boh ka 
> dulur-dulur sadaya.
>  
> Wasta Ki Leuksa, ti tatar Sunda. Kapungkur mah sok ngajajah milangan kori, 
> ngalalana di jomantara, nepungan baraya-baraya nu aya di desa jeung di kota, 
> nguriling ka tepis wiring, ngajugjug ka lembur-lembur nu aya di 
> gunung-gunung. Tapina ngan ku sawangan, da raga badag mah tetep di imah, diuk 
> dina korsi reyod nyanghareupan meja oyag, ngetik nerektek nulis carita 
> nyambung anu jaman harita mah sok disarebut "dongeng" disiarkeun dina 
> radio-radio swasta.
>  
> Aeh, naha karek jol geus loba ngobrol. Hampura baraya, bakat ku sono nepi ka 
> poho kana tatakrama. Ujug-ujug panjang cumarita, boa pribumi mah can kumpul 
> lelembutan, naha saha ieu nu karek jebul teh?
>  
> Tos heula atuh sakitu, moal waka panjang nu dicatur samemeh aya anu ngaku 
> mah. Eee sumuhun, Mang Emot Padaringan, aya ?
> Sakali deui, hapunten anu kasuhun.
>  
> Wasalam
> Ki Leuksa - Sumedang
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
> Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru.
> Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan 
> @rocketmail. 
> Cepat sebelum diambil orang lain!
> http://mail. promotions. yahoo.com/ newdomains/ id/
>

















      Lebih aman saat online. Upgrade ke Internet Explorer 8 baru dan lebih 
cepat yang dioptimalkan untuk Yahoo! agar Anda merasa lebih aman. Gratis. 
Dapatkan IE8 di sini! 
http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer/

Reply via email to