Di lembur aki oge benten, sanes cika-cika, sanes kica-kica tapi Cicika, anu sok 
hurung beuteungna dinu poek, di sawah ari nuju gede pare wanci peuting, 
pasuliwer haliber. Kadang-kadang sok aya hiji dua anu asup ka imah. Barudak 
lembur mah tos biasa, sanes barang aneh jigah budak kota.

Ahmad Sopiani wrote:
>  Kang, dilembur simkuring mah, di Tangerang…
> kunang-kunang teh basa sunda na Kica-kica... sanes Cika-cika.... teu kaci
> cika-cika mah, kaci na kica-kica.. 
>    
>    
>  Anjing "Hurung".....  
>  Posted by:
> "waluya2...@yahoo.co.id" waluya2...@yahoo.co.id  
>  waluya2006  
>  Wed Apr 29, 2009
> 9:48 pm (PDT)  
> Keur budak di lembur, kuring boga anjing. Anjing kampung nu sok maturan ari
> moro bajing. si Geboy aranna teh warnana hideung leteng. Hiji waktu aya semah
> ka pun Aki, nu hayang nyekar ka makam Uyut peuting-peuting. Nya Aki teh nitah
> kuring jeung balad nganteurkeun ka makam uyut. SI Geboy ngiclik nuturkeun. Di
> makam teh poek mongkleng teu kaciri curuk-curuk acan. 
> Biasa nu nyekar mah sok mawa tapas kalapa terus diseungeut dipurulukan menyan.
> Der weh ki semah ngadoa bari 
> parupuyan tina kapas kalapa ngelun. Beres
> weh nu ngadoa teh, langsung kalaluar ti kompleks makam. Na atuh acan oge jauh
> ninggalkeun makam, ari rongheap teh ningali parupuyan ngadak-ngadak maju, 
> siga ngalayang
> tina taneuh, ngadeukeutan. Ampir ngajarerit bakating ku sawan, ngan untung
> kaburu sidik heula, geuning parupuyan teh digegel terus dibabawa ku si Geboy 
> nu
> nuturkeun balik. Dasar anjing keur kumincir .... 
> Tah supaya ulah kajadian siga kitu, kumaha lamun "diciptakeun" anjing
> hurung siga cika-cika, jadi sidik sanajan poek mongkleng oge? Kabeneran aya
> Elmuwan Korea geus hasil ngloning anjing tur diselipkeun gen fluorescent nu
> nyababkeun "anjing" hurung lamun ti peuting siga cika-cika
> (kunang-kunang) ..... 
>    
>   



      

Kirim email ke