> From: H Surtiwa
> Nya lamun rek ngoreksi panyataan eta mah , anu jelas tiasa siga kieu ; 
> "Awewe sexy boh make pakean normal atanapi
> papakean heureut rada ngajurus kana kurang bahan, eta teh sok nginspirasi 
> imajinasi lalaki mikir kumaha carana hayang
> ngabogaan manehna, hayang make manehna atawa ngan ukur hayang naranjangan 
> manehna".

Kunaon lalaki pangpangna kitu? Kulantaran jarang nempo ...hahahaha!. Awewe 
di pedalaman Papua unggal poe papakeanana  ukur "eta"na dihalangan saeutik, 
jadi keur lalaki urang Papua mah nya teu aneh. Kuring kungsi ngadongeng 
didieu, kuring kungsi 2 bulan hirup jeung urang Dayak di pedalaman Kalbar. 
Awewena ukur disamping tepi kana tuur, kaluhurna mah teu make nanaon 
.....tinggulantung we kamana-mendi. Waktu mimiti nempo mah kuring 
saparakanca "geunjleung" teu puguh cabak. Tapi lila-lila mah biasa we, teu 
aya pikiran "ngeres" dina otak.

Jadi? Sabenerna mah beuki buni disumputkeun, malah beuki panasaran, tepi ka 
kapaksa awewe teu meunang kaluar ti imah lamun teu dikawal ku lalaki, da 
diluar loba nu panasaran .....

Baktosna,
WALUYA 

Reply via email to