Hatur nuhun Cep Ridwan, geuning nambih deui baraya teh. Insya Allah dongeng 
salajengna dikintunkeun. Mung ayeuna mah nuju paciweuh ku pancen ti sakola, da 
Aki mah ngasuh keneh seuweu siwi Ki Sunda nu burey keneh. Ari di tungtung taun 
teh sok marema ku pancen tea.
Cag ah, sakitu heula nya Cep.
Manawi ka payun dikersakeun tepung lawung deui....

--- Pada Ming, 12/4/09, syam ridwan <pay...@yahoo.com.au> menulis:


Dari: syam ridwan <pay...@yahoo.com.au>
Topik: Re: [Urang Sunda] si Kabayan
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Tanggal: Minggu, 12 April, 2009, 6:41 PM









Salaku usa [ urang sumedang asli ] abdi ngiring reueus yeuh ka 
aki, salahsawios pangarang sunda anu tos moyan, mamanawian atuh tiasa kaseblok 
pangaweruhna. Kapungkur mah kungsi ngaladog ka tutugan cakra teh, enya raoseun 
hawana, komo bari ngabobonceng siteueul mah he he....
 
Perkawis dongeng si Kabayan, samemeh diilo mah tos diirong yen si Kabayan teh 
jalma ngedul pamelidan tapi seueur akalna ,malihan dipapantes langkung ngedul 
ti dongeng dongeng nu tos aya, tapi geuning si Kabayan ieu mah beda, kayungyun 
pisan sarta soleh deuih. Tah ieu panginten salahsawios kaleuwihan pangarang, ku 
pangarang mah hiji tokoh teu meunang embung dikukumahakeun ge kudu daek wae 
kaasup si Kabayan he he.... 
 
Mudah-mudahan atuh ku ayana dongeng dongeng  si Kabayan model kieu, 
tiasa ngangkat citra sunda, sanajan cek lagu "si Kabayan urang sunda tapi urang 
sunda lain si Kabayan" Lamun si Kabayan citrana tos robah, daekan,soleh, 
beunghar, sarta kasep deuih he he....asana lamun sair lagu tadi dirobah kawas 
kieu " si Kabayan urang sunda, urang sunda kawas si Kabayan"  kabeh urang sunda 
moal kabeuratan. Ngan masalahna lamun aya jalma unggal poe gawena ngan ukur 
nanangkeup tuur,mun dititah cukup dijawab ku hoream, meureun moal pas deui mun 
digeuhgeuykeun "Ih dasar si Kabayan!"
 
Sakitu we etang etang pangwanoh ti abdi, diantos dongeng dongeng salajengna!
 
baktos,
syam ridwan
 
 

----- Original Message ----- 
From: Ki Leuksa Sunda 
To: urangsu...@yahoogro ups.com 
Sent: Thursday, April 30, 2009 6:58 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] si Kabayan







Upami kalakuan si Kabayan didongengkeun dina lalakon anu garoreng wae, engke 
citra Sunda goreng wae. Sabab si Kabayan saolah-olah jadi ICON urang Sunda.
Numawi urang sasarengan, si Kabayan teh robah kalakuanana, kanggo ngarobah 
image Ki Sunda.
Urang geus meujeuhna tandang makalangan, warisan karuhun anu sae urang mumule, 
anu awon mah urang singkahkeun. 
Memang hese, tapi da kedah ditarekahan. ..
Cag..
  















      Berbagi foto Flickr dengan teman di dalam Messenger. Jelajahi Yahoo! 
Messenger yang serba baru sekarang! http://id.messenger.yahoo.com

Reply via email to