Ari soal rekeningna mah ayana di Mang J.
Enya Reza teh adi kelas Kang Adit, da sarua keur nyuprih elmu di UPI ngan 
inyana mah jur basa Indonesia. Poe Senen kamari ka Rumah Baca ngadon buka 
puasa, wekel budak teh. Geus rada lila dibere naskah koropak 407 teh, malah 
kungsi babarengan dibaca bari utag atog. Reza sok mindeng ulin jeung Evi 
baladna saangkatan ka Rumah Baca ti keur semester ka hiji keneh.
Basa Kang Adit presentasi dina sawala di PSS, aya nu ngagerendeng mun teu salah 
mah Teh Tien Wartini sarua jeung niat Kang Kumi, rereongan ti pribadi nu haat.
Sukur ku Kang Kumi diwawarkeun. Sugan we atuh nyanggut. Ari tos difoto mah bade 
disimpen dimana ge mangga, di Rumah Baca Buku Sunda mangga, di nu sanes ge 
mangga. Urang haratiskeun we ka nu perlueun jeung niat ditalungtik.
Maca saliwatan Sanghyang Sasana Maha Guru (koropak 621) nu keur digarap ku kang 
Adit, kacida katajina da sigana bisa ngalengkepan Sanghyang Siksakandang 
Karesian. Kitu deui naskah Waruga(n) Lemah (koropak 622) sarua ieu ge keur 
dikeureuyeuh ditransliterasi ku Kang Adit sakalian ditarjamahkeun kana basa 
Indonesia/ Sunda kiwari, geuning karuhun urang ge boga pangaweruh siga fengsui 
Cina. 
Urang silih doakeun we sugan urang dirijkian, keur ngeureuyeuh ieu kahayang.

MSas




  ----- Original Message ----- 
  From: A Gunawan 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, May 13, 2009 5:52 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Naskah Sunda Kuna Koléksi PNRI: 
Nyumput di nu Caang?






  Sok atuh kang Kumi, ku kuring teknisna mah dibantuan. Kabeh naskah teh aya 
1214 lempir, sapotret teh bisa lima lempir, jadi dipotretna leuwih kurang 240 
kali. Ku sabab bulak balik jadi 480 kali. Mun sajepret 35000 kari x 480 jadi 
kabehna Rp. 16.800.000. Mun dicicil mah jigana moal karasa, komo mun rereongan 
mah. Mindahkeun koleksi Naskah Sunda Kuno ka Bandung atawa ka Rumah Baca Wa Sas 
teh tangtu bakal rea mangpaatna. Komo mun nepi ka aksesna dibuka dina internet 
mah. 
  Tadi isuk aya SMS ti Reza, mahasiswa ti Bandung, hayang ngulik naskah kropak 
407 nu geus dipotret ku Uwa Sas. Tah, hiji cenah clom giriwil. Malah dina SMSna 
teh, "Kang, hayu atuh, giliran nu ngarora tandang." Jejem henteuna mah urusan 
engke, ku sumangetna oge atuh. Kajaba ti eta, Uwa Sas tangtuna sugema, hasil 
motret naskahna bisa dimangpaatkeun ku balarea. 
  Nu aya sumanget pikeun ngagarap naskah teh lolobana mah mahasiswa. Ari 
mahasiswa, biasana (sok sanajan teu kabeh) pagedrug jeung waragad, rek mroyek 
teu bisa, rek menta ka kolot, era. Ngingkig ka Jakarta ge, kudak-kodok pesak 
keneh. Tapi sugan, ari digarapna lain ku 'proyek' mah leuwih nyugemakeun 
hasilna, boa. 
  Hayu der ah, meungpeung ngabebela yeuh..

  salam
  -Adit-
    . 

  

Kirim email ke